Pemilihan Duta KB Di UIN SGD Bandung
Pusat Informasi Konseling Mahasiswa (PIKMA) Universitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati (SGD) Bandung ceuk Kepala Humas UIN SGD Bandung Asep Syaefudin,M.Ag saperti diberitakeun Koran Giwangkara poe Rebo 7 Desember 2016 lumangsung di Gedong Anwar Musaddad kampus UIN SGD Jl.A.H.Nasution No.105 Cibiru kota Bandung ngayakeun kagiatan acara pemilihan Duta Da’i Komunikasi,Informasi & Edukasi Keluarga Berencana (KIE KB) 2016 nyokot tema “Yang Muda Yang Bersyiar “. Ketua Pelaksana Da’I KIE KB 2016 Kemal Ajie miharep moga moga ku ayana kagiatan ieu bisa nyadarkeun turta mere syiar informasi ka para wanoja ngeunaan pentingna hirup sehat jeung program KB. Dina ieu kagiatan kapilih tilu pemenang nu jadi Duta KIE KB nyaeta Juara kahiji Astri Rengganis, Juara Kadua Euis Widaningsih,Juara Katilu Randi Hardiansyah. “ Tilu juara Duta Da’I KIE KB ieu engke bakal dikontrak ku Badan Koordinasi Keluarga Berencana Nasional (BKKBN) sarta mibanda kawajiban salaku Da’i mensosialisasikeun program pemerintah utamana program KB “.ceuk Kemal Ajie.(Suherman.S).-