Kagiatan Wisuda Lain Sakadar Pesta
Rektor Universitas Islam Nusantara (Uninus) Dr.H.Didin Wahidin M.Pd netelakeun kagitan proses akhir mungkas akademik nyaeta wisuda. Kagiatan wisuda lain ngan sakadar pesta tapi nu leuwih pentingna ngarupakeun upaya kagiatan akademik pikeun ngingetan para lulusan diistrenan geus jadi Sarjana ,Magister jeung Doktor. Saengeusna para wisudawan,wisudawati diistrenan jadi Sarjana,Magister jeung Doktor salawasna kudu inget yen dina kahirupanna kudu nembongkeun luyu jeung tingkatanna ti Sarjana, Magister jeung Doktor boh tina kailmuannana nyakitu deui etika jeung akhlakna. Kitu ditetelakeun dina acara wisuda Sarjana,Magister,Doktor Tahun Akademik 2014-2015 Uninus Ke 58 lumangsung Rebo 10 Juni 2015 di Gedong Bandung Convention Centre (BCC) Jl.Soekarno-Hatta No.354 Bandung ngistrenan 1248 lulusan ngawengku S3 Manajemen 69 lulusan S2 Manajemen 171 lulusan,S2 Hukum 31 lulusan,S2 PAI 131 lulusan, S1 FKON 44 lulusan,FKUM 74 lulusan,FKIP 596 lulusan,FTAN 3 lulusan,FTEK 16 lulusan,FIKOM 34 lulusan jeung FAI 79 lulusan . Dina ieu kasempetan diluuhan Ketua Yayasan Islam Nusantara Letjen (Purn) H.A.Roestandi,SH,Ketua Harian Ikatan Keluarga Alumni (IKA) Uninus Aa.Tarsono,SH,MH,Koordinator Kopertis IV Prof.Dr.Ir.H.Abdul Hakim Halim,M.Sc sarta para undangan.
Numutkeun Didin saperti diberitakeun Koran Giwangkara para wisudawan,wisudawati ngawengku Sarjana,Magister jeung Doktor kudu mibanda jati diri kauninusan 1-3-6 satu visi ,tiga komitmen jeung 6 sistem nilai nu kudu bisa diamalkeun sapopoena . Nyakitu deui boga komitmen kana kailmuan nyaeta mibanda ilmu,ngamalkeun ilmu jeung ngaguar ilmu.Pon kitu deui kulantaran Uninus ngarupakeun Universitas Islam, saenggeusna jadi sarjana kudu sadar yen dirina sarjana muslim nu hartina lian ti mibanda kacerdasasan bari dibarengan akhlak mulya,nyakitu deui Sarjana,Magister jeung Doktor ti Uninus kudu mibanda kacintaan ka bangsa jeung nagara. Sedengkeun DR.K Edi Permadi ( 68 thn) salaku wisudawan Program Doktor ,Program Studi Manajemen Pendidikan salaku wakil wisudawan nu kiwari nyepeng kalungguhan salaku Ketua PGRI (Persatuan Guru Republik Indonesia) Provinsi Jawa Barat dina biantarana netelakeun yen dina kasempetan ieu aya kabahagiaan akademik dirrasakeun para wisudawan,wisudawati katut kulawarga kulantaran bapa rektor Uninus geus ngistrenan sacara resmi pikeun nyandang gelar Sarjana, Magister jeung gelar Doktor lulusan Uninus taun akademik 2014-2015. Kukituna dina ieu kasempetan saperti dijelaskeun Rektor, sakabeh wisudawan,wisudawati geus kacatet sacara syah bisa nyandang gelar Sarjana,Magister ,Doktor luyu jeung peraturan jeung perundang-undangan. Edi nandeskeun gelar akademik nu geus dipibanda bakal dijadikeun nilai plus, saupama para wisudawan wisudawati henteu pernah eureun salawasna diajar . “ Dina ieu kesempetan simkuring umajak ka sakabeh wisudawan,wisudawati ,hayu berpikir inovatif luyu jeung disiplin ilmu nu dipibanda,mekarkeun potensi diri sacara kreatif sangkan pendidikan jeung gelar akademik nu dipibanda bisa jadi modal pikeun ngaraih karaharjaan “.ceuk Edi harita dibarengan garwana Hj.Ai Sutriansih,M.Pd salaku Camat Rancasari kota Bandung.
Edi ngebrehkeun Ki Hajar Dewantara di hiji kasempetan pernah cumarita yen pendidikan ngarupakeun wahana pikeun ngajadikeun bangsa jadi maju,bangsa bermartabat,bangsa raharja turta merdeka lahir batin. Kukituna inyana mibanda semboyan nu kawilang kawentar nyaeta belajar saumur hirup jeung belajar tina kahirupan.Luyu jeung nu didugikeun Ki Hajar Dewantara.para wisudawan,wisudawati lulusan Uninus siap belajar saumur hirup,siap pikeun ngalaksanakeun sistem niley,siap guguru ka pendahulu,siap ngagabung jeung jalma nu bisa berpikir jeung bertindak kreatif.” Kamampuanm kreativitas di nagara urang kiwari masih kendor.Hal ieu ngarupakeun tantangan sakaligus luang pikeun miluan nyokot bagian ngamekeun kreativitasna. Jeroning kitu Ketua Yayasan Islam Nusantara Letjen (Purn) H.A.Roestandi,SH lian ti ngawilujengkeun ngiring bingah ka para wisudawan,wisudawati katut kulawarga oge peuepeujeuh jeung ngelingan sangkan para lulusan terus ngaronjatkeun kaahlian sarta ngamalkeun ilmu nu geus dipibanda sok komo kiwari usum saingan,satiap waktu ditimukeun ilmu anyar,hal nu anyar.Tangtuna dina nyaghareupan saingan ieu ngan jalma nu nguasa jeung profesional dibarengan akhlak hade nu bakal meunang dina sainganna.“ Kukituna para wisudawan,wisudawati Uninus salawasna kudu tetep ngeumbing kana tilu hal makna harti tina Uninus nyaeta Profesionalisme (Universitas), Akhlakuk Karimah (Islam) jeung Nusantara (Cinta Tanah Air).Muga-muga mawa kasalametan,kabahagiaaan jeung karaharjaan pikeun bangsa Indonesia”.tandes Roestandi.(Suherman.S).-