Guru Acan Sabanding Jeung Kahirupannana
Kanyataan kiwari Kualitas guru Indonesia seperti kumaha ,saha nu kudu disalahkeun padahal perhatian pemerintah geus sakitu hebat ka guru,luar biasa , baheula gaji guru ngan cukup saminggueun ,tapi ayeuna luar biasa,aya guru meunang 10 juta nepi ka 11 juta rupiah sabulanna .Kitu ceuk Dr.H.Edi Parmadi,M.M.Pd Ketua Persatuan Guru Republik Indonesia (PGRI) Provinsi Jawa Barat saperti diberitakeun Koran Giwangkara waktu nepikeun makalah “ Mutu Guru Dan Karakter Siswa) dina seminar nasional pendidikan temana “Pendidikan Untuk Mencerdaskan Kehidupan Bangsa Berbasis Akhlakul Karimah “diayakeun Ikatan Keluarga Alumni (IKA) Uninus gawe bareng jeung Sekolah Pascasarjana Uninus lumangsung Saptu 11 November 2017 di kampus Jl.Soekarno-Hatta No.530 Bandung. Numutkeun Eddi ku geus ayana perhatian ti pemerintah ieu guru geuningan acan sabanding jeung kahirupannana dibikeun ku guru sorangan ka pemerintah. Aya pemeo atawa sindiran ngomong .Dina Kahirupan guru satiap poena nitah nulis ka siswa ,tapi waktu guru kudu naek pangkat dikudukeun nulis henteu pernah nulis malahan henteu lulus dina nyieun karya tulisna oge guru satiap minggu mere ulangan atawa test ka siswa tapi embung miluan tes komptensina/ UJji Komptetensi Guru (UKG) malahan ,stress . “ Ieu conto di lapangan ,,terang henteu saurang guru SDN Kelas V tillar dunya di Sukabumi waktu UKG bulan Kamari dilaksanakeun .Kunaon ? Kulantaran saupama manehna UKG na henteu meunang 80 peunteunna tunjangan profesina bakal dieureunkeun ,jadi memeh naon-naon oge geus ,inget kana tunjangan profesi bakal eureun ,hutang teu kabayar ,akkhirna stress tilar dunya “. Ieu bener kajadian di lapangan tapi Alhamdullilah lembaga institusi pendidikan masih tetep dipercaya diwaragadan pemerintah sagemblengna pikeun ngadidik anak bangsa di masa nu bakal datang ngawangun jiwana,bangunlah badanna ,bangsana pikeun Indonesia raya saperti lagu ciptaan WR Supratman Indonesia Raya. “ Kukituna pikeun institusi lain sabaraha loba jumlah siswa nu diajar, lain sabaraha siswa lulus,tapi kuduna sabaraha siswa nu mampu pikeun kahirupanna ku modal ilmu dipibanda ti institusi pendidikan.Numutkeun Edi tugas guru dina pembinaan karakter siswa baheula ngarupakeun hiji hijina sumber belajar. Istilah Guru wajib digugu jeung ditiru jadi harepan orang tua jeung masarakat dina ngabentuk karakter anak didik . “ Kiwari jaman media sosial (medsos) digital kateraturan guru dina ngabentuk karakter beuki kapangaruhan ku medsos”.ceuk Edi Parmadi (Suherman.S).-