21 % Wisudawan STBA Yapari ABA Bandung Meunang IPK Yudicium Cum Laude

Acara Dies Natalis ka 54 jeung wisuda angkatan ka 60,61  pikeun program S1 jeung angkatan  ka 62,63 pikeun program D3 taun 2017 kacida mibanda makna pikeun sakabeh civitas akademika jeung karyawan STBA Yapari ABA Bandung kulantaran geus ngaraih sagala rupa kaberhasilan boh sacara internal nyakitu deui external salila taun akademik 2016/2017. “ Sacara kalembagaan di umurna nincak 54 taun STBA geus ngahasilkeun deui 156 lulusan ngawengku 89  ti  Program Studi  S1 jurusan Bahasa Inggris,4 bahasa Perancis,4 bahasa Jerman,54 bahasa Jepang  sarta lulusan ti Program Studi  D3  nyaeta 4  ti bahasa Inggris jeung saurang ti bahasa Jepang. Ku diwisuda lulusan anyar ieu ti ngadegna geus ngahasilkeun 11.906 lulusan  ” ceuk Ketua STBA Yapari ABA Bandung Dra.Hj.Iim Rogayah Danasaputra,M.Hum  saperti  diberitakeun Koran Giwangkara dina  biantarana  Sidang  terbuka  senat acara  Dies jeung  Wisuda STBA Yapari Aba Bandung lumangsung Salasa 31 Oktober 2017 di Balai Sartika Jl.Suryalaya Indah No.1-3 Buah Batu kota Bandung.

Numutkeun Iim hal ieu geus  nunjukeun kamampuan jeung produktifitas dina miluan ngarojong tujuan bangsa Indonesia nyaeta nyerdaskeun wargana ku ngaliwatan pendidikan. Jumlah lulusan saacanna waktuna kurang ti 4 taun pikeun program S1 nu Indek Prestasi Kumulatif (IPK) rata-rata 3,47 aya 39,5 % naek 18,5 % dibandingkeun jeung taun kamari jeung kurang ti 3 taun pikeun D3 nu IPK na rata-rata 3,41,hal ieu nembongkeun beuki gancangna waktu ngarengsekeun studi jeung beuki ngaronjatna standar mutu lembaga dina pelaksanaan Proses Belajar Mengajar (PBM) kulantaran hasil ngaronjatkeun kasadaran nahasiswana pikeun ngarengsekeun studi sacara hade jeung tepat waktu. Tina sajumlah nu diwisuda ngalahirkeun oge prestasi ti para wisudawan,kurang leuwih 21 % meunang hasil IPK luhur yudicium cum laude. Angka pangluhurna 3,83  diraih ku Syulistianingsih ti Jurusan bahasa Inggris Jenjang S1.  Iim ngajentrekeun oge geus hasil ngaronjatkeun akreditasina  pikeun 3 program studi jadi B nyaeta Program Studi S1 jurusan Bahasa Inggris jeung Bahasa Jepang sarta Program D3 Bahasa Jepang,tarekah ieu pikeun ngabuktikeun ka sakabeh pengguna STBA yen lembagana geus satekah polah ngalaksanakeun  kawajiban ngaleuwihan standar minimal nu kaunggel dina Peraturan Pemerintah No.49 Taun 2014 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan Tinggi..Nyakitu deui  Kurikulum 2015 geus dilumakukeun ti mimiti Taun Ajaran 2015/2016 jumlah SKS leuwih padet  jeung konsentrasi MK leuwih terukur ngarojong lembaga ngalakukeun leuwih loba gawe bareng  jenug pelaksanaan magang di instansi di jero negeri jeung mancanagara. Mere SKPI (Surat Keterangan Pendamping Ijazah) ka lulusan ngarupakeun tarekah lembaga pikeun nyumponan Permendikbud No.81 Taun 2014.

Sedengkeun rekrruitmen dosen mibanda ijazah S2 masih terus dilakukeun sangkan nisbah dosen,mahasiswa pikeun sakabeh prodi jadi leuwih hade,utamana  saengeusna diberlakukeun Peratuturan Mentri Riset Teknogi & Pendidikan Tinggi No.26 taun 2015 nu ngaberlakukeun NIDK/NUP.Dunasar data  tina 59 dosen nu ngabdikeun diri 95 % geus nibanda ijazah S2/S3.Tina sajumlah eta 29 diantarana geus meunang sertifikasi, jeung 6 urang jadi asesor dosen STBA,UKM,UNISBA,Politeknik Komputer Niaga LPKIA jeung Politeknik Piksi Ganesha..Kitu deui karyawan jumlahna 55 urang ,10 diantarana mibanda ijazah S1 jeung D3 nyaeta 2 sarjana kepustakaan jeung saurang deui neruskeun ka jenjang S1.“  Diharepkeun meunangna gelar Doktor,sertifikasi jeung jabatan assessor sarta penyetaraan ijazah lain ngan sakadar ngaronjatkeun kualifikasi jeung kamampuan intelektual pikeun jadi tenaga professional tapi bisa ningkatkeun mutu kapribadian moral.Dosen jeung karyawan STBA kudu mibanda integritas commited  kana profesi jeung tugasna pikeun mere pelayanan hade ka mahasiswa jeung pengguna “.pokna.

Dina ieu kaempetan Iim  masrahkeun  pangajen ka 53 mahasiswa mibanda prestasi geus nyeungitkeun lembaga jeung ka dosen,karyawan nu geus digawe ngabdikeun ka lembaga luyu jeung kapasitas,pagawean profesi jeung tanggung jawabna diantarana ka Asri Sumiarti salaku Karyawan Setia 35 taun,Asep Rohendi salaku Karyawan Satuhu 25 taun,Lili Suparli Karyawan Satuhu 25 taun,Darmadi salaku Karyawan Satuhu  25 taun jeung Drs.H.Gumelar S Sastrayuda,CTM salaku Dosen Tekun.  “Pikeun rengrengan civitas akademika jeung karyawan sejenna sujud syukur hade bisa dilakukeun nyaeta ku ngajalankeun tugas sarta kawajiban sahade-hadena utamana dina ngarengsekeun program nu bakal dilaksanakeun sataun kahareup diantarana wae nyiapkeun RENOP jeung Renstra bakal beak taun 2018,leuwih ngaronjatkeun komunikasi efektif antar unsur pimpinan ku ngaliwatan rapim,koordinasi,monitor,sidak,evaluasi ,ngaronjatkeubkualifikasi pendidikan dosen jeung karyawan  ku ngaliwatan studi lanjut,pelatihan,sertifiukasi jeung jafung sarta ngaronjatkeun mutu pelayanan administrasi,akademik jeung PBM ngagunakeun sistem tepat guna “.ceuk Iim Rogayah Danasaputra.(Suherman.S).-

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *