Dr.Shobri ,S.Kom,MM : Lain Sawates Teoritikal wungkul

Dosen  Fakultas Tarbiyah Institut Agama Islam Negeri (IAIN) Sultan Maulana Hasanudin  Banten  sarta di  Universitas Terbuka  (UT) Unit Program Belajar Jarak Jauh (UPBJJ)  Serang  jeung Universitas Banten Jaya Dr.Shobri,S.Kom,MM netelakeun  aya    kontribusi positif nu signifikan antara  kapamingpinan paguron luhur jeung ajen (mutu) lulusan. Kukituna pimpinan kudu mibanda kasadaran jeung kahayang  pikeun ngaronjatkeun neuleuman leuwih anteb  turta kamampuahanna dina ngajalankeun kapamimpinannana  lain ngan  sawates teoritikal wungkul.   “Sacara babarengan memang  aya hubungan jeung kontribusi positif  nu signifikan kepapingpinan  jeung pelayanan akademik kana ajen perkuliahan  sarta ajen  lulusanna “. Ceuk Shobri  waktu mertahankeun disertasina “Penjaminan Mutu Dalam Upaya Peningkatan Mutu Lulusan Perguruan Tinggi “(Kontribusi Kepemimpinan dan Pelayanan Akademik Terhadap Mutu Kuliah  untuk Meningkatkan Mutu Lulusan  Perguruan Tinggi Di Banten)  waktu ujian sidang dihareupen Promotor Prof.Dr.H.Dedi Mulyasana,M.Pd, Anggota Promotor  Prof.Dr.Sofyan Sauri jeung Dr.Purwadi M.Pd  pikeun meunang gelar Doktor (S3) widang  manajemen pendidikan program studi manajemen pendidikan Program Pasca Sarjana Universitas Islam Nusantara (Uninus) Jl.Soekarno-Hatta No.530 Bandung  sawatara waktu kaliwat nu dina ieu kasempetan  ditandeskeun lulus ku Dirrektur Program Pasca Sarjana Uninus Prof.Dr.H.Achmad Sanusi,SH,MPA meunang Indek Prestasi Kumulatif (IPK) 3,48 yudicium sangat memuaskan.  

Nurutkeun Shobri saperti diberitakeun Koran Giwangkara  Kapamingmpinan ngarupakeun  kamampuhan  pamingpin  nu bisa ngalaksanakeun parobahan kana kualitas pendidikan  hade,papingipn  hade bisa ngungkulan  masalah sarta  ngomean  kualitas jeung kuantitas  bawahan  sarta organisasi pendidikan jeung tanggung jawab nu dibikeun. Kua ayana kapamingpinan nu  hade diharepkeun  pagaweannana nu dilaksanakeun  bakal ngahasilkeun kinerja leuwih hade.deuI.Kusabab kitu  ceuk Shobri pingpinan kudu bisa  nguasa  kana  sagala rupa gaya kapang pingpinannana,ku nguasai ieu  pingpinan bisa mikanyaho permasalahan boh sagala rupa kajadian di  paguron luhur  sarta  nu aya patula patalina  jeung masalah pribadi sarta  masalah prestasi belajar  mahasiswa,permasalahan dosen dina kagiatan pembelajaran turta dinangabina  hubungan hade jeung mahasiswa,dosen,pingpinan jeung tenaga kependidikan pikeun ngungkulan sagala rupa masalah.

Salian ti eta tandes Shobri, pingpinan kudu paham  mikawanoh fungsi manajerial  ngokolakeun  sumber daya manusia ,sarana,prasarana ,manajemen nu hade dina organisasi pendidikan  turta ngomando kinerja  dosen nu jadi bawahan ngawengku pembelajaran,kerjasama,skills,inovasi sarta prestasi pimpinan,ngahudangkeun inspirasi oge ngarangsang intelektual tenaga pendidik nyaeta dosen pikeun berpikir kritis,kreatif ,inovatif dina ngalaksanakeun aktivitas kerja jeung belajar di kampus  nu nyiptakeun suasana  aktif,kreatif pikaresepeun.“ Kukituna faktor kapemingpinan tong disapirakeun dina tarekah ngaronjatkeun  mutu perkuliahan,mutu lulusan.Kondisi ieu bisa dihartikeun yen ajen  perkuliahan,ajen lulusan bisa ngaronjat saupama mibanda kepemingpinan nu luhung “.ceuk Shobri dilahirkeun di Serang provinsi Bantem 15 Juli 1975 anak katilu  boga lanceuk saurang ti pasangan H.A.Rafei Malik (alm) jeung Siti Rohmah alumni Sarjana (S1) program studi manajemen informatika  STIMIK “Indonesia” Jakarta jeung alumni (S2) program studi manajemen system informasi Universitas Budi Luhur Jakarta

Lianti sapopoena jadi dosen oge aktif salaku Fasilitator program Decentralized Basic Education 3 (DBE3)  United States Agency International Develovment (USAID) atawa Badan Bantuan Pembangunan Internasional Amerika  oge salaku Assesor Badan Assesor Program Percepatan Akreditasi madrasah provinsi Banten sarta aktif  di organisasi  pendidikan,agama ,kemasarakatan  nyaeta  salaku Pimpinan Wilayah Dewan Masjid  Indonesia (PWDI),Pengurus Madrasah Development Center (MDS) provinsi Banten.Pengurus Lembaga Pengembangan Tilawatil Qur’an (LPTQ) sarta Forum Komunikasi Informasi & Teknologo PNF provinsi Banten jeung BAZDA kabupaten Serang.(Suherman.S).-

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *