UIN SGD Bandung Henteu Ngalarang Alumni Jadi Artis
Rektor Universitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati Bandung Prof.Dr.H.Mahmud ,M.Si ngadugikeun hatur nuhun ka sakabeh alumni nu geus nyempetkeun datang dina kagiatan acara reuni akbar alumni UIN SGD Bandung , mudah-mudahhan ieu jadi bukti yen alumni UIN SGD Bandung ( baheula IAIN SGD Bandung) bener-bener Jadi modal pikeun tarekah ngahudangkeun deui kampus nu pada mikacinta jadi leuwih hade deui . “ Baheula oge saenyana geus hade ngan luyu jeung tantangan ayeuna kudu terus ditingkatkeun ,kukituna simkuring ngaraos gumbira ku geus kabentukna pengurus anyar tahun ayeuna “. Ceuk Mahmud dina Acara Reuni Akbar jeung ngistrenan Pengurus Pusat Ikatan Keluarga Alumni (IKA) UIN SGD Bandung sakakalian launching Website IKA SGD Bandung saperti diberitakeun Koran Giwangkara lumangsung Salasa 26 Desember 2017 di Gedong Anwar Musaddad Kampus UIN SGD Bandung JL.A.H.Nasution No.105 Bandung nu dina kasempetan dihadiran Ketua Umum IKA UIN SGD Bandung Periode 2017-2022 Dr.Hj.Reni Marlinawati,M.Pd,Ketua Panitia Dr.Fauzan Ali Rasyid,M.Si sarta 315 urang pengurus nu dilantik atawa distrenan,para alumni angkatan 1968-2017 jeung artis kawentar Irfan Hakim jadi MC,Sedengkeun Ketua Umum Demisioner Dr.H.Deding Ishak,SH,MM henteu hadir keur di luar negeri.
Numutkeun Mahmud alumni memang geus aya kontribusina ka kampus kaasup ibu Reni can jadi pengurus geus mere kontribusi ka kampus ti mimiti kawangunna gedong-gedong kampus henteu leupas ti jasa alumni diantaranya pa Dr.H.Deding Ishak ,SH,MM jeung bu Reni Marlinawati . Jadi can jadi Ketua IKA geus mere kontribusi ,bisa dibayangkeun geus jadi Ketua IKA . “ Kiwari UIN SGD Bandung keur ngusulkeun dana ti i IDB kukituna menta bantuan ti alumni UIN SGD Bandung sangkan prosesna digancangkeun supaya kampus 2 nu lega tanahna 29 hektar , jadi leuwih lega dibanding jeung kampus 1 ngan 8 hektar bisa diwangun sagancangna direngsekeun pikeun Fakultas Kedokteran nu di cita-citakeun ,bisa digunakeun wangunanna saupama geus rengse. “ Simkuring ngarasa reueues alumniUIN SGD Bandung luar biasa, saupama dibere luang pasti nyaho jeung milu partisipasi Kiyai Jujun Junaedi , KH Cecep Mulyana , Irfan Hakim daek datang . Kukituna
Lembaga miharep naon wae propesina hayu babarengan mere kontribusi ka lembaga nu pernah ngagedekeun alumni, lembaga henteu ngalarang alumni icikibung ancrub di partey , organisasi sosial,ormas,pengusaha , henteu ngalarang jadi artis saperti Irfan Hakim .Diharepkeun sinergi antara alumni jeung alumni kawangun nyakitu jeung lembaga atawa institusi oge kawangun. Kulantaran lembaga mibanda Obsesi nyaeta hayang jadi kampus unggul. Saeutikna dina waktu deuket akreditasi intitusi jadi A ,kiwari henteu aya di UIN SGD Bandung Prodi S.1 akreditasina C,,kabeh geus B jeung A .Diharepkeun engke kabeh A, henteu deui mibanda akreditasi C kajaba prodi nu kakara anyar ngadeg. . Kahareup lain C tapi A jeung intitusina A ieu nu di harepkeun ti eksistensi IKA kacida nangtukeun kukituna mangfaatkeun momentum ieu.
Sedengkeun Reni Marlinawati netelakeun yen sakabeh runtuyan acara ieu henteu leupas ku inisiatif jeung rojongan rektor ,jadi IKA peride 2017-2022 nu kakara dilantik sakabehna ku alpukahna rojongan rektor jeung nganuhunkeun ka Ketua OC Kang Fauzan Ali Rasyid jeung sakabeh babaturan panitia.Reni Marlinawati nembrakeun geuningan loba alumni UIN SGD Bandung sumebar di sagala widang profesi wartawan PNS di sabaraha Kementerian,Direktur perusahaan nasional, Ketua Yayasan cukup sukses mibanda murid na loba. Pihakna yakin alumni loba sumebar di sagala rupa profesi , Hal ieu ngarupakeun bekel nu dibikeun satuluyna diabdikeun ka masarakat jadi kesempatan ieu ,waktuna alumni ngabdi deui ilmu nu pernah dipibanda kudu balik deui ka almamater pikeun ngamajukeun UIN leuwih maju jeung jaya kukituna jadikeun IKA UIN SGD Bandungjadi rumah kita kembali. Diakui Reni loba mimpi dina ngamekarkeun UIN SGD Bandung, kahareup ,diharepkeun sakabeh potensi sumebar di sagala rupa widang mudah-mudahan dina waktu lima taun bisa kahimpun sacara hade sangkan mere kontribusi ka almamater nyaeta UIN SGD Bandung. . Tugas pengurus henteu gampang kulantaran kudu bisa ngasejajarkeun UIN SGD Bandung jeung universitas universitas negeri sejenna di sakuliah Indonesia. “ Tugas ieu henteu ngan cukup ku Rektor jeung guru besar wungkul ,para dekan ,tapi kudu ku sakabeh potensi mibanda komitmen ,kahayang ,kacintaan ka UIN SGD Bandung sacara babarengan . Ayeuna zaman era digital ,tapi sapuluh taun kaliwat satiap angaktan mungkin henteu boga group , sok komo keluarga besar UIN SGD Bandung henteu boga face book ,twiter, lain ngaiklankeun media sosial ,tapi saha nu nguasa media sosial nu bakal nguasa dunia. Jadi sakadar ngingetan ka sakabeh pengurus jeung keluarga besar alumni kudu geus peduli kana digital kulantaran bakal mikanyaho kagiatan bakal dilakukeun ku IKA Alumni UIN SGD Bandung ku ngaliwatan Website nu dina kasempetan ayeuna di launching. Jadi para alumni bisa interaksi langsung sarta mere masukan ti daerah bisa ngainformasikeun. Ari Dr.Fauzan Ali Rasyid,M.Si nerangkeun kagiatan ieu nyaeta ngarupakeun program paket ,Kamari 4 novembe 2017 ngayaakeun Musyawarah anggota tuluy diteruskeun tanggal 26 Desember 2017 Reuni Akbar jeung pelantikan Pengurus hasil tina Musyawarah Anggota “ Hatur nuhun ka rektor yang nu geus ngarojong eksistensi IKA supaya terus maju jadi balad nu hade pikeun ngamekarkeun UIN SGD Bandung leuwih maju jeung jaya.(Suherman.S).-