PK2MB Ikopin Nyiapkeun Peserta Didik Kreatif Inovatif

Institut Koperasi Indonesia (Ikopin) poe Senen 24 Agustus 2015 jam 09.00 isuk-isuk lumangsung di Graha Suhardini kampus Ikopin Jatinangor ngayakeun  sidang terbuka senat dibuka Ketua Senat Ikopin Prof.Dr.Burhan Arief,M.Si, dina raraga narima jeung Pengenalan Kehidupan Kampus. Pikeun 640 Mahasiswa Baru (PK2MB) Ikopin taun akademik 2015-2016. Numutkeun Kepala Bagian Humas Ikopin Lucky Kurniasari S.Sos diayakeun PK2MB Ikopin nyaeta pikeun ngarobah/ngabentuk pola pikir  jeung kalakuan  insan akademik luyu jeung karakteristik masarakat kampus  sarta nyiapkeun peserta didik  kreatif,inovatf sarta henteu diragukeun kaloyalanna ka almamater Ikopin.Dina biantarana rektor Ikopin Dr.Burhanuddin Abdullah,MA mere apresiasi ka para mahasiswa anyar yen kaputusan mahasiswa asup ka Ikopin nyaeta “ timely” (tepat waktu)  ku merhatikeun kaayan ekonomi kiwari can nyugemakeun sok komo gini ratio na  geus nepi ka 0,43  sarta ancaman  beuki ngaronjatna pangangguran  sahenteuna nepi ka tahun 2019. “ Kukituna pilihan pikeun ngawangun sarta ngawewegan basis ekenomi kerakyatan di kampus Ikopin nyaeta tepat “.pokna saperti diberitakeun Koran Giwangkara. Lucky Kurniasari ngajentrekeun PK2MB Ikopin lian ti mibanda tujuan  mekelan  mahasiswa  sangkan bisa adaptasi jeung lingkungan kampus hususna kagiatan pembelajaran  jeung kemahasiswaan  oge ngawanohkeun harti pentingna kasadaran berbangsa,bernegara,cinta tanah air,lingkungan sarta bermasyarakat jeung ngawanohkeun tata kelola perguruan tingi ,sistem pembelajaran,kemahasiswaan (kurikuler,ko sarta  ekstrakuler).

Nyakitu deui mere gambaran ngeunaan  pentingna pendidikan karakter hususna ajen atawa nilai integritas moral, etika, kejujuran, kepedulian, tangungjawab, kasdisiplinan dina kahirupan di kampus jeung masarakat sarta ngarojong mahasiswa pikeun proaktif adaptasi,ngabentuk jejaring,ngajalin kaakraban,persahabatan antar mahasiswa,mikanyaho leuwih deukeut jeung lingkungan kampus,mere motivasi turta ngarojong mahasiswa anyar pikeun mibanda rasa percaya diri. Sedengkeun materi pokokna  nu ditepikeun ngawengku sistem pendidikan tinggi,pembentukan karakter,pilar kebangsaan,perkoperasian,kewirausahaan,organisasi kemahasiswaan,kegiatan akademik.“ Ku geus miluan P2KMB Ikopin nu dilaksanakeun boh mangrupa ceramah,diskusi,simulasi sarta demontrasi,diharepkeun para peserta  mampu ngamnalkeun pola tingkah laku jadi mahasiswa nu hade sarta mibanda pengabdian ka almamater jeung bangsa katut nagara”.ceuk Lucky Kurniasari.  Lucky Kurniasari ngainformasikeun tina sajumlah mahasiswa anyar diantarana  aya 155 mahasiswa anyar taun akademik 2015/2016 jenjang  D-3 jeung S-1 meunang beasiswa ti Kementerian KUKM RI,Eka Tjipta Foundation,BII,BCA  PT Sriboga Flour Mills,Ikopin,British Petroleum jeung beasiswa ti  perbankan sejenna.(Suherman.S).-

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *