Lulusan Akademi Tata Boga Bandung Kudu Mampu Nyiptakeun Produk Dahareun & Inuman Anyar
Upacara Wisuda Akademi Tata Boga Bandung (ATB) dina raraga ngistrenan 77 wisudawan angkatan Ka 13 Tahun 2017 ngawengku asalna ti Program Studi Diploma III Konsentrasi Tata Boga jeung Diploma I Konsentrasi Tata Boga lumangsung Salasa 31 Oktober 2017 di Rumah Makan Ponyo Jl.Raya Cinunuk No.186 Cileunyi Kabupaten Bandung. Kagiatan upacara saperti diberitakeun Koran Giwangkara dimimitian pembacaan ayat suci Alqur’an Surat Ibrahim ayat 32 -34 jeung 7 ku Qori M.Afif Saepudin sarta Syaritilawah ku Nadiah Dwi Sri Suryanti.diluuhan Direktur Akademi Tata Boga Bandung Yudha Abubakar S.Sos M.Pd,Ketua Yayasan Al Amanah Cileunyi H.Dadang Supriatna,BE sarta diluuhan pejabat . Kopertis Wilayah IV Jabar & Banten Suherman S.Sos,M.Si nyuluran Koordinator Prof.Dr Uman Suherman,A.S,M.Pd jeung pejabat ti Aptisi Jabar. Yudha Abubakar dina biantarana netelakeun ATB rek terus satekah polah ngupayakeun nyitak para lulusan nu siap pake turta mibanda kualitas. Tarekah dilakukeun sagemblengna ngomean tina sagala rupa aspek boh akademik sumber daya manusia ,kemahasiswaan,keuangan nyakitu deui fasilitas akademik pikeun ngagampangkeun proses pembelajaranna. Ngomean sakabeh aspek Insya Allah bakal terus dilakukan pikeun ngimbangi mekarna industri terus robah jeung tangtuna pikeun ningkatkeunn kualitas lulusan.Pihakna miharep lulusan ATB bisa mampu saingan sarta bisa adaftasi jeung bekel ilmu geus dipibanda salila kuliah di kampus ATB .
Ayeuna para lulusan ATB geus robah status tina mahasiswa jadi akhli pratama jeung akhli madya status ieu otomatis ngarobah tanggungjawab saacanna ngalakukeun tugas pikeun nyumponan pamenta akademik tapi ayeuna tugasna kaitanna jeung tanggung jawab social. Numutkeun Yudha Abubakar kiwari Indonesia geus asup ka gerbang Masarakat Ekonomi Asean (MEA) 2015 di ranah ieu nimbulkeun saingan di sagala rupa hal kaasup nu luyu kaitanna jeung lembaga nyaeta produk dahareun jeung inuman dimana produk lokal bakal saingan jeung produk asing tangtuna kudu nyiapkeun diri kana kondisina sangkan produk asing henteu ngadominasi di lemah cai urang. “ Salaku praktisi siap pake dina upaya ngarealisasikeunn tanggung jawab sosial kontribusi lulusan ATB kana kondisi ieu nyaeta salah sahijina kudu mampu nyiptakeun produk dahareun jeung inuman anu up to date atawa anyar turta mibanda kualitas mampu saingan jeung produk asing “.ceuk Yudha Abubakar.Diakuina memang lain hal gampang ,tapi ku sumanget nu soson soson dibarengan ku potensi dipibanda henteu mustahil bakal mampu ngawujudkeun cita-cita na.,samalah mah ngarupakeun hal luar biasa saupama mampu saingan nobros pasar asing kulantaran pemerintah geus ngafasilitasi ku muka luang kudu dimanfaatkeun sacara maksimal.(Suherman.S).-