PKKMB & Wisuda STBA Yapari – ABA Bandung
Kagiatan Pengenalan Kehidupan Kampus pikeun Mahasiswa Baru (PKKMB) taun akademik 2017-2018 Sekolah Tinggi Bahasa Asing (STBA) Yapari- ABA Bandung dilaksanakeun upacara sacara resmi pembukaanna dina sidang senat terbuka dipingpin Ketua STBA Yapari –Aba Bandung Dra.Hj.Iim Rogayah Danasaputra,M.Hum lumangsung Salasa 29 Agustus 2017 di kampus Jl.Cihampelas No.194 Bandung.. Numutkeun Koordinator Publikasi & Dokumentasi Citra. K ,M.Pd saperti diberitakeun Koran Giwangkara netelakeun saenggeusna PKKMB sacara resmi dibuka dituluykeun ku kagiatan-kagiatan PKKMB lumangsung nepi ka acara penutupan Kemis pasosore 31 Agustus 2017 sarta poe Senen 4 September 2017 mahasiswa mimiti kuliah. Sedengkeun Wisuda lulusan STBA Yapari-ABA Bandung Program S-1 Angkatan Ka 60, 61 jeung Program D-3 Angkatan 62, 63 dilaksanakeun poe Salasa 31Oktober 2017 lumangsung di Balai Sartika Jl.Suryalaya Indah No.1- 3 Buah Batu kota Bandung.(Suherman.S).-