UT Gawe Bareng Jeung Ikopin
Universitas Terbuka (UT) ngalaksanakeun nota kasapukan janji gawe bareng jeung Institut Koperasi (Ikopin) lumangsung Jumaah 21 Maret 2014 di kampus Ikopin Jatinangor.Nota kasapukan saperti diberitakeun Koran Giwangkara ti pihak UT diteken rektor UT Prof.Ir.Tian Belawati M.Ed,Ph.D sedengkeun ti pihak Ikopin diteken rektor Ikopin Dr.(HC) Burhanuddin Abdullah,MA disaksian Ketua Yayasan Pendidikan Koperasi (YPK) Dr.Ir.Muhammad Taufiq M.Sc. Eusi nota kasapukana nyaeta ngeunaan penyelenggaraan pendidikan jeung pembelajaran ku sistem terbuka jeung jarak jauh. Ku ayana nota kasapukan ieu kadua pihak saling diuntungkeun (Suherman.S)