PG PAUD Uninus Neken Gawe Bareng Jeung IGRA Sarta IGTKI Jabar

Pendidikan Guru (PG) Pendidikan Anak Usia Dini (PAUD) Universitas Islam Nusantara (Uninus) saperti diberitakeun Koran Giwangkara  poe Rebo 4 April 2018  lumangsung di kampus Jl.Soekarno- Hatta No.530 Bandung ngalaksanakeun kagiatan acara neken gawe bareng atawa MoU jeung  IGRA ( Ikatan Guru Raudhatul Athpal) Provinsi Jabar sarta jeung Ikatan Guru Taman Kanak Indonesia (IGTKI) Provinsi Jawa Barat.Kagiatan acara diluuhan Rektor Uninus Dr.H.Suhendra Yusuf,MA ( poto ditengah) ,Ketua Program Studi (Prodi) PG PAUD Uninus Dr.Ikka Kartika,AF.M.Pd (kadua ti katuhu) ,Ketua Pimpinan Wilayah (PW) IGRA  Provinsi Jawa Barat Dra.Hj.Siti Latifah,M.Pd (kenca)  , Ketua IGTKI Provinsi Jawa Barat Reni Kusnaeni M.Pd ( katuhu)  neken ieu MoU disaksian Wakil Rektor III Drs.H.Gatot Yusuf Effendi ,MM sarta    sivitas akademika Uninus. Rektor Uninus.   Suhendra Yusuf dina biantarana  miharep  tina gawe bareng ieu  kolaborasi  ti kadua Beulah pihak sangkan saling nguntungkeun boh keur para anggotana di  organisasi nyakti deui pikeun  Uninus dina raraga  ngaronjatkeun  mutu kualitas Prodi –prodi nu aya  di Uninus  kaasup  Program Studi  PG PAUD.  Sedengkeun Siti Latifah salaku Ketua PW IGRA Jabar  kacida pisan ngarespon ku ayana kerjasama atawa gawe bareng ieu. Pihakna  salaku  Pimpinan Wilayah IGRA Jabar dina raraga  ngabantu  para  anggota   guru  sangkan kuliah di  Uninus kulantaran kiwari nu ngaranna guru RA  oge  PAUD  nyakitu   deui  sarua  minimal kudu Sarjana (S1) nu  linier. Kukituna para anggota bisa kuliah di Uninus  kulantaran  di Uninus aya Program Studi (Prodi) Pendidikan Guru (PG)  Pendidikan Anak Usia Dini  ( PAUD ). Muga Muga pihakna  bisa ngabantu  turta ngajak  sakabeh anggota  nu aya di  27 kab,kota di Jawa Barat. Sarta Muga Muga aya perwakilanna nu bisa kuliah di Jurusan PG PAUD  Uninus .Disagigireun eta seperti diinformasikan Ketua Prodi PG PAUD Uninus Ibu Ikka Kartika  oge ayana kerjasama pelatihan ,muga muga  di sakabeh  Perwakilan Daerah ( PD ) IGRA bisa ngalaksanakeun  pelatihan-pelatihan ku dibantu  dosen-dosen nu  aya  di Uninus .  Hal ieu luar biasa, kerjasama  kieu  jarang pisan   perguruan tinggi   kerjasama jeung  organisasi biasana  mah jeung instansi pemerintah . Kukituna ku ayana kerjasama jeung organisasi ieu pihakna rek ngamajukeun  angota-anggotana  , Pon kitu deui  pikeun  Uninus sangkan  loba mangfaatna  hal ieu tangtuna  kudu aya   sinergitas,muga-muga  kahareupna  meunang  kesuksesan  pikeun kadua beulah pihak.Ketua IGTKI Provinsi Jawa Barat .Reni Kusnaeni M.Pd  oge ngarespon luar biasa , malahan saacan diayakeun gawe bareng  pihakna geus nganjurkeun ka  para anggota sangkan kuliah di Jurusan PG  PAUD Uninus ,nu paling kataji  nyaeta sangkan dosen dosen Uninus diberdayakeun pikeun jadi nara sumber di organisisana   “ Tugas  simkuring   ngajak anggota sangkan  ngayakeun   diklat  disagedengeun eta  ngagiring  jadi mahasiswa kuliah di Uninus “.ceuk Reni Kusnaeni.(Suherman.S).-

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *