FPPTI Jabar Ngayakeun Change Management Exeutive Training Program

Forum Perpustakaan Perguruan Tinggi Indonesia  (FPPTI) Jabar  sawatara waktu kaliwat poe Rebo 4 Juli nepi ka  5 Juli 2018  ngalaksanakeun  Change Management Exeutive Training Program lumangsung  di Natural Hill  Blok Villa Hermon Jl.Kolonel Masturi  Kertawangi Cisarua Lembang kabupaten Bandung Barat diiluan 20 peserta anggota FPPTI Jabar diluuhan Ketua Umum  FPPTI Jabar Hilman Firmansyah,SIP,M.AP muka  acara sarta Endang  Supriatna Adin  ti  lembaga (vendor )  Be- trust   salaku   disain program kagiatan  ieu  turta  ngaduggikeun  materi jeung permainan game. Numutkeun Hilman Firmansyah  dilaksanakeun kagiatan ieu ngarupakeun salah sahiji  kagiatan  FPPTI Jabar dina  raraga ngarobah paradigma Perpustaakan  jeung Pustakawan  anggota  FPPTI  Jabar ku ngaliwatan kagiatan Change Manajemen  nu saterusna  engke  dituluykeun deui  dina  pagempungan  atawa pertemuan  ku  kagiatan sejenna  dilaksanakeun di Universitas Muhammadiyah Sukabumi jeung di Universitas  Singaperbangsa Karawang. Pikeun kagiatan   Change Management  ngahaja sakabeh materina ,permainan  jeung  game ti vendor supaya henteu  bosen materina ti pengurus,ari ti luar mah aya suasana anyar bisa dibawa balik ka   perguruan tinggi sewang –sewangan  turta diaflikasikeun  “ Diharepkeun ku kagiatan change management sakabeh nu ngokolakeun perpustakaan bisa  ngarobah diri sarta mampu ngokolakeun sacara hade  ku dilakukan  sacara kapamingpinan  jeung leadership  “.ceuk Hilman Firmansyah netelakeun ka Koran Giwangkara. Sedengkeun Endang Supriatna Andin  netelakeun  Tujuan pelatihan ieu intina pikeun ngamekarkeun  diri   jeung organisasi  para pengelola perpustakaan sangkan ngaronjatkeun  kualitas pelayanan  ka  para mahasiswa  jeung para pengajar   dilingkungan perguruan tinggi . “ Simkuring ngaraos reueus nitenan para peserta change management ieu katembong antusias pisan bisa saling  ngabagi  pangalaman  atawa sharing ,motivasi,pengetahuan   pikeun bekel  pikareupeun cara ngokolakeun perpustakaan sangkan leuwih hade”.pokna.(Suherman.S).-

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *