Dies Natalis Ka 50 & Wisuda STBA Yapari Aba Bandung
Kagiatan acara dies natalis ka 50 & wisuda lulusan Sekolah Tinggi Bahasa Asing (STBA) Yapari Aba Bandung lumangsung dina sidang terbuka senat poe Salasa 29 Oktober 2013 dipimpin Ketua STBA Yapari Aba Bandung Dra.Hj.Iim Danasaputra M.Hum di Gedong Bikasoga Jl.Suryalaya Indah 1-3 Buah Batu Bandung. ngistrenan 121 lulusan masing-masing ti jurusan Bahasa Ingris,Jepang Perancis jenjang S1 angkatan ka 52, 53 jeung jenjang D3 angkatan 54, 55 taun akademik 2012-2013.Tina sajumlah lulusan diantarana 16 wisudawan meunang pangajen yudicium cumlaude. Oge dina ieu kasempetan masrahkeun pangajen ka dosen,karyawan jeung mahasiswa nu mibanda prestasi. Nurutkeun Iim saperti diberitakeun Koran Giwangkara ,STBA Yapari Aba Bandung nepi ka panceg 50 taun (emas) umurna masih tetep jadi salah sahiji lembaga pendidikan tinggi nu kareueus Bandung jeung Jawa Barat khusuna malahan sa-Indonesia.Kusabab kitu geus sawajarna sivitas akademika kudu salawasna ngajaga citrana ku penjaminan mutu nu hade sangkan tetep meunang tempat di hate masarakat sarta dibutuhkeun bangsa jeung nagara Indonesia. Hal ieu luyu jeung tema wisudana nyaeta “ Dengan Wisuda Lulusan Di Usia Emas Kita Tingkatkan Citra STBA Yapari Aba Bandung Sebagai Lembaga Pendidikan Bahasa dan Pariwisata”.(Suherman.S).-