2019 Lulusan UPBJJ–UT Bandung Narima Ijazah
Aya 2019 lulusan UPBJJ (Unit Program Belajar Jarak Jauh) Universitas Terbuka (UT) Bandung nu narima ijazah dina kagiatan Upacara Penyerahan Ijazah (UPI) taun 2014.2 lumangsung 27- 28 Agustus 2014 di Balai Sartika Convention Hall Jl.Suryalaya Indah No. 1-3 Buah Batu Bandung nu acarana diluuhan Kepala UPBJJ-UT Bandung Dra.Dina Thaib,M.Ed, Dekan FMIPA UT Dr.Sri Hayati,MA nyuluran rektor UT Prof.Ir.Tian Belawati,M.Ed,Ph.D , Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Prof.Dr.H.Moh.Wahyudin Zarkasyi,CPA. Sajumlah lulusan ngawengku 1254 lulusan ti Program S1 PGSD,105 lulusan Program PGPAUD,658 lulusan Program D2 Perpustakaan, sarta saurang masing-masing lulusan ti Program S1 Biologi jeung Program S1 Sosiologi asalna ti kab, Ciamis, Pangandaran, Kuningan, kota Bandung, Cimahi, kab.Bandung, kota Tasikmalaya, kota Cirebon , kab.Cirebon, Indramayu, Subang, Garut, kab.Purwakarta, kota Banjar jeung kab.Bandung Barat. Tina sajumlah lulusan kapeto aya nu meunang Indek Prestasi Kumulatif (IPK) pangonjoyna nyaeta Rida Rosida (S1) PGPAUD ti kota Bandung IPK 3,44, Dede Widi Asih (D2) Perpustakaan ti kab.Kuningan IPK 3,42 , Eva Farida (D2) Perpustakaan IPK 3,34 ti kab.Bandung, Tita Badriah (D2) Perpustakaan ti kab.Subang, IPK 3,70,Ismaniah Nurhidmah (S1) PGSD ti kab.Garut IPK 3,38jeung Melly Mulawati S1 PGSD ti kota Banjar IPK 3.34. Ku geus rengsena kuliah di UT nepi ka meunang Ijazah para lulusan katinggali barungah saperti dirasakeun ku lulusan Kabupaten Bandung Barat nyaeta Enden Sri Mulyani guru SMK PGRI 2 Cimahi,Fenny Fitriana guru SDN Karyalaksana Kecamatan Ngamprah jeung Megawati UPT Pendidikan SD & PAUDN Kec.Ngamprah . “ Alhamdullilah simkuring bingah pisan bisa ngarengsekeun kuliah di UT nepi ka ngiluan acara Upacara Penyerahan Ijazah (UPI) “.pokna ka Koran Giwangkara.
Dina biantara tinulis rektor ditepikeun Dekan FMIPA UT Dr.Sri Haryati,MA lian ti miharep ka para lulusan UT sangkan bisa ngamangfaatkeun,ngamekarkeun sarta nerapkeun ilmu nu geus dipibanda ti UT bisa dilarapkeun kana lingkungan tugas nyakitu deui masarakat. “ Simkuring miharep khusuna ka lulusan Program PGSD nu kiwari keur ngatik ngadidik siswa-siswa Generasi Emas nu dina taun 2045 bakal jadi pemimpin-pemimpin di Indonesia,luyu jeung widangna salaku pendidik kudu digawe sacara profesional nu bisa ditingali tina kamampuan sarta tingkah paripolahna di masarakat “.pokna.Nyakitu deui inyana omat-omattan salaku alumni UT sangkan bisa ngafangfaatkeun mekarna teknologi jeung informasi sarta tetep komunikasi jeung UT ku ngaliwatan website UT, website UPBJJ sarta khusus pikeun guru bisa ngamangfaatkeun portal guru “ Guru Pintar Online” nyaeta bisa silih tukeur pangalaman,pikiran sasama guru di sakuliah Indonesia sarta ngagabung jeung Ikatan Keluarga Alumni UT(IKA UT) wilayah Jawa Barat atawa Bandung.
Samemeh dilaksanakeun Upacara Penyerahan Ijazah(UPI) sapoe saacanna 26 Agustus 2014 di tempat nu sarua dilaksanakeun heula Seminar UPI nyokot tema “ Peran Guru Dalam Mempersiapkan Generasi Emas Indonesia “ didugikeun Hj.Netty Prasetiyani Heryawan,SS,M.Si. Numutkeun Netty guru nyaeta pendidik profesional tugas utamana ngadidik,ngajar,ngabingbing,ngarahkeun,,ngalatih,nganiley jeung ngaevaluasi peserta didik dina pendidikan anak usia dini jalur pendidikan formal,pendidikan dasar sarta pendidikan menengah. Tapi kanyataanna kiwari masih loba guru nu henteu ngalaksanakeun tugasna balukar henteu ayana latar pendidikan nu luyu jeug katangtuan jeung widang nu dibinana.Kiwari masih loba guru mibanda kompetensi kailmuan jeung profesionalitas handap nyaeta loba guru kurang ngarojong sacara pribadi ngamekarkeun profesina salaku guru . “ Sedengkeun hal penting sejenna pikeun guru nyaeta mikawanoh gaya belajar siswa,nyiptakeun suasana belajar pikaresepeun jeung kreatif dina nepikeun materina “ceuk Nety.(Suherman.S).-