Senat Mahasiswa STIEPAR Yapari-Aktripa Bandung Ngayakeun Seminar Green Tourism
Senat mahasiswa Sekolah Tinggi Ilmu Ekomomi Pariwisata (Stiepar) Yapari Aktripa Bandung ngayakeun seminar pariwisata temana Green Tourism for Better Life lumangsung 27 Mei 2015 di aula Stiepar lantai 4 Jl.Prof.DR.Sutami No.81-83 Bandung mimiti jam 8 isuk-isuk nepi ka jam 12 beurang. Ketua Senat mahasiswa Stiepar Yapari Aktripa Andzar Akbar Maulana dibarengan Pembantu Ketua III Bidang Kemahasiswaan Kerja Sama & Bursa Kerja Dr.Diana Simanjuntak,Dra,M.Si saperti diberitakeun Koran Giwangkara netelakeun kasang tukangna diayakeun seminar ieu kiwari kagiatan pariwisata lolobana geus ngarusak lingkungan ,kukituna dina ieu kasempetan nyawalakeun tarekah sangkan ka hareupna kudu mibanda basis lingkungan. Kagiatan seminar diiluan 200 urang ngawengku dosen jeung mahasiswa ngadugikeun materi ti Speakers Dr.Ir.Bambang Supriyanto,M.Sc Direcorate Of Enviromental Service For Concervatio Areas And Protektion Forest (Ministry of Envirotmen and Forestry Republic Of Indonesia ), Prapty Wahyuningsih Founder Sekolah Hijau Lestari, Prof.Dr.Enok Maryani,M.S (Lecturer at Stiepar Yapari Aktripa) jeung Wiliam Wimpy Prihady,M.Sc Marketing Division of Hilo Gren Community Bandung,Founder of Canting Hijau.(Suherman.S).-

