Dr.H.Tb.Rucita M.M.Pd : Sumberdaya,Kompetensi & Motivasi Ngarojong Kepemimpinan Kepala Sakola
Kepala Sekolah SMPN 2 Baleendah nu oge ngarangkep salaku Kepala Sekolah SMPN 1 Pameungpeuk kabupaten Bandung Dr.H.Tb.Rucita M.M.Pd saperti diberitakeun Koran Giwangkara netelakeun faktor nu ngarojong dina ngalarapkeun gaya kepemimpinan kepala sekolah nyaeta sumber daya,kompetensi jeung motivasi. Kitu ditetelakeun dina kasimpulan disertasina nyokot judul “ Peranan Kepemimpinan Kepala Sekolah Dan Partisipasi Komite Sekolah Dalam Peningkatan Kinerja Guru SMP Di Kabupaten Bandung ( Studi Kasus di SMP Negeri 2 Cileunyi,SMP Negeri Margahayu dan SMP Negeri 3 Ciparay Kabupaten Bandung “ dina sidang ujian terbuka pikeun ngaraih gelar Dr.(Doktor) (S3).widang Manajemen Pendidikan Program Studi Manajemen Pendidikan Sekolah Pascasarjana Universitas Islam Nusantara (Uninus) dihareupeun Penguji Promotor Prof.Dr.H.Achmad Sanusi, Ko Promotor Prof.Dr.H.Sutaryat Trisnamansyah,MA ,Anggota Promotor Dr.Yozal Iriantara,M.M.Pd nu hasilna ditandeskeun lulus meunang peunteun Indek Prestasi Kumulatif (IPK) 3,47 Yudicium Sangat Memuaskan lumangsung poe Rebo 25 Juli 2018 di kampus Jl.Soekarno-Hatta No.530 Bandung. Alhamdullilah ngadugikeun rasa syukur ka hadirat Allah SWT rengse oge pendidikan di S3 teh ari dikeureuyeh mah sok sanajan bari sibuk pakepuk jeung pagawean di sakola jeung urusan rumah tangga di imah , simkuring miluan asup program Doktor di Program Pascasarjana Uninus taun 2012 sabenerna di taun 2016 geus nyusun disertasi tapi sidangna kakara dilaksanakeun taun 2018 ayeuna. Nyakitu deui simkuring nganuhunkueun ka sakabeh civitas akademika Uninus sarta Bupati Bandung H.Dadang M.Naser,SH,S.Ip,M.IPol,Sekretaris Daerah kabupaten Bandung Ir.H.Sofian Nataprawira,MP jeung Dr.H.Djuhana,M.M.Pd salaku Kepala Dinas Pendidikan Nasional kabupaten Bandung nu geus mere ijin,dorongan,motivasi sarta ngarekomendasikeun sangkan nuluykeun studi S3 Ilmu Pendidikan di Universitas Islam Nusantara (Uninus).
Numutkeun Rucita dina ngalarapkeun gaya kepemimpinan kasus di tilu sakola ieu teh nu dijadikeun penelitian sacara umum merentang ti otokritik birokratik mibanda orientasi tugas nepi ka hubungan humanis demokratik. Hal ieu katembong tina tingkah paripolah kepemimpinan kepala sakolana. Kepemimpinan Kepala SMP Negeri 2 Cileunyi dina ngagerakeun jeung stafna pikeun ngawujudkeun lululusan mibanda mutu ku ngaliwatan ngaronjatkeun kinerja guru condonng ngalarapkeun gaya delegating dibarengan standar nilai-nilai spiritual kaagaamaan nu leuwih dominan lian ti telling,selling jeung participating . Hal ieu balukar luhurna kompetensi jeung komitmen warga sakola akibat tina kuatna motivasi intrinsik didadasaran nilai-nilai ibadah.Sedengkeun gaya kepemimpinan kepala SMP Negeri 1 Margahayu condong ngalarapkeun gaya participating nu leuwih dominan nyoko kana fungsi jeung wewenang geus diatur dina peraturan sarta perundang-undangan nu lumaku,kepemimpinanna condong kana situasional formalistik birokratik lian ti telling,selling jeung delegating. Ari gaya kepemimpinan kepala SMP Negeri 3 Ciparay dina ngagerakeun guru jeung staf pikeun ngawujudkeun lulusan bermutu ku ngaliwatan ngaronjatkeun kinerja guru condong nerapkeun gaya selling leuwih dominan dumasar kana cinta kasih didadasaran nilai-nilai penghargaan kana kamanusaan didominasi kawenangan pimpinanna (kepemimpinan situsional otokratik) lian ti telling participating jeung delegating. Hal ieu diakibatkeun heterogenitas kompetensi ku komitmenna handap.
Rucita ngebrehkeun akibat logis tina penelitian ieu mawa implikasi nyaeta ku aya lobana variasi kamampuan jeung motivasi guru dina pelaksanaan tugas perlu dioptimalkeun peran kepemimpinan kepala sekolah nu mampu mere perlakukan tepat ka bawahan..Disagedengeun eta oge pemahaman kana kompetensi jeung komitmen guru,kompetensi teknis sarta manajerial nu nyumponan. Nyakitu deui pikeun ngamotivasi guru jeung tenaga kependidikan sejenna dina ngawujudkeun lulusan bermutu diperlukeun hiji peran kepemimpinan kepala sakola nu mampu ngamotivasi guru jeung tenaga kependidikan sacara optimal ku landasan kaikhlasan jeung ibadah dumasar nilai-nilai spiritual kaagamaan. Pon kitu deui ngaronjatkeun kompetensi guru sacara tuluy-tuluyan kacida diperlukeun sangkan mampu nyaluyukeun jeung mekarna kabijaksanaan pendidikan turta mekarna ilmu pengetahuan sarta mampu adaptasi di sagala rupa kondisi “ Tina implikasi ieu diharepkeun kepemimpina bisa hasil saupama luyu jeung tingkat pertumbuhan jeung kematangan bawahan sarta lulusan bermutu ngawujud ku ngaliwatan proses mibanda mutu oge proses pembelajaran bermutu bisa kacipta ku ngaliwatan guru mibanda mutu “ceuk Rucita alumni S1 STKIP Bale Bandung Jurusan IPS-Geografi, S2 Jurusan Manajemen Pendidikan Uninus dilahirkeun di Bandung 5 Oktober 1964 digedekeun ku keluarga di Kampung Cilurung Jalan Lebak Wangi Rt.04 Rw.02 Desa Lebakwangi Kecamatan Arjasari Kabupaten Bandung ti pasangan Ibunda Hj.T.Marwati jeung Ayahanda Drs.H.M.A.Ii Danya salaku anak ka opat ti tujuh bersaudara,pamajikanna .Hj.Empung Kuntiati nikah tanggal 24 Maret 1994 boga anak dua putra putri namina Ginanjar Triyasya S.Pd jeung Citra Angraeni.Samemeh ayeuna jadi Kepala SMPN 2 Balendah ,SMPN 1 Pameungpeuk,kungsi jadi guru heula di SLTPN 1Kebon Pedes,SLTPN 4 Sukaraja,SLTPN 1 Arjasari ,Kepala Sekolah SLTPN 2 Cicalengka.SMPN 3 Ciparay,SMPN 2 Ciparay,SMPN 1 Banjaran. Jabatan sejenna kiwari Rucita lian ti salaku Ketua MKKS kabupaten Bandung ti taun 2016 nepi ka ayeuna oge salaku Ketua Gugus Wilayah II ti taun 2014 nepi ka ayeuna sarta Ketua Apokasi PGRI kabupaten Bandung ti taun 2017 nepi ka ayeuna.(Suherman.S).-

