Koperasi Guru Pegawai SMPN 2 Kota Bandung Asetna Ngaronjat
Merhatikeun laporan Pertanggungjawaban Pengurus taun buku 2015 Koperasi Pegawai Republik Indonesia (KPRI) Koperasi Guru & Pegawai SMP Negeri 2 Bandung kinerja pengurus, pengawas, dedikasi, loyalitas, solidaritas, kabersamaan tanggungjawabna cukup hade.“ Kusabab di koperasi kerjana kolektif, henteu digawe sorangan, kasibukan sacara bababarengan tapi ketua jeung pengawasna aktif mantuan kagiatan”. ceuk Sekretaris Pusat Koperasi Pegawai Republik Indonesia (PKRI) kota Bandung Drs.Kustiwa Benoputra, M.Pd dina biantarana Rapat Anggota Taunan (RAT) Koperasi Guru & Pegawai SMPN 2 Bandung lumangsung Kemis 31 Maret 2016 di SMPN 2 Jl.Sumatra No.42 Bandung. Numutkeun Kustiwa saperti diberitakeun Koran Giwangkara Spirit koperasi ieu perlu dipertahankeun nyakitu deui kaadilan ngaraharjakeun anggotan katinggalina adil.saha nu nganjuk duitna loba bisa disebut pahlawan koperasi,nyakitu deui nu nyimpen aya kaistimewaanna jeung di bank,jadi beda jenug bank,nginjeum ka bank untungna keur pemilik bank,tapi di koperasi bisa balik deui “ Nyakitu deui koperasina dina kaayaana sehat dipertahankeun,rengrengan pengurus,pengawas nu geus di gawe ihlas,kerja keras sarta gawe tuntas dibarengan kualitas keur ngaraharjakeun anggotana.. Sedengkeun Kepala SMPN 2 Bandung Rudi Rachadian,S.Pd,M.M..Pd salaku Pembina jeung penasehat Koperasi Guru & Pegawai SMPN 2 Bandung ngadugikeun sukur Alhamdullilah RAT na bisa dilaksanakeun di bulan Maret,masih dikategorikan koperasi sehat. “ Ieu ngarupakeun pangalaman munggaran di SMPN 2 Bandung,sabab mimiti asup di SMPN 2 di bulan April 2015, jadi hasil laporan kagiatan ieu Kepala Sakolana masih pa H.Nandi Supriyadi,M.Pd.
“ Nu pikareueuseun waktu mimiti asup ka sakola ieu simkuring ngarasa bungah kulantaran SMPN 2 Bandung geus boga koperasi nu munggaran mibanda badan hukum kulantaran henteu sakabeh SMP di kota bandung koperasina mibanda badan hukum”.ceuk Rudi Rachadian..Dumasar panitenna Koperasina kaayaanna sehat sarta cukup badag bisa ngainjeumkeun duit Rp.45.000.000,- ka satiap anggota kiwari jumlahna 86 anggota. ,Ka hareup pihakna salaku Pembina jeung penasehat rek terus ngajak guru, pegawai SMPN 2 Bandung sacara babarengan pikeun leuwih ngaronjatkeun leuwih gede deui . “ Kukituna tong statis dina hiji kaayaan,ngarasa cukup sehat,cukup badag,tapi masih jadi kawajiban sarerea pikeun ngajaga mertahankankeun bari jeung terus digedekeun deui ku cara nambah ngagolangkeun modal tina simpanan wajib anggota sangkan leuwih ngaraharjakeun anggotana.
Ari biantarana Drs.Guntara ti Dinas Koperasi UKM Perindag kota Bandung netelakeun Alhamdullialh Koperasi SMPN 2 Bandung kaayanna ngaronjat asetna atawa jumla hartana dibanding taun sacanna ampir samilyar tepatna Rp.938.021.121,-balukar tina partisipasi angota “ Tangtuna kudu dijadikeun komitmen sacara babarengan salaku anggota yen koperasi ngarupakeun pausahaan nu kudu dijaga kalanggenganna jeung mekarna..RAT taun buku 2015 ngarupakeun taun ka 5 kapengurusan periode taun 2011-2015 sekaligus ahir jabatan.Kukituna dina ieu kasermpetan sarengsena Ketua H.Suwanto ,S.Pd ngalaporkeun pertanggungjawaban pengurus sarta laporan Ketua Pengawas Pupun Sapuroh,M.P.d dilaksanakeun pemilihan pengurus dipingpin Rudi Rachadian nu hasilna Nono Saripuadnan kapilih jadi Ketua sarta Hj.Pupun Sapuroh M.Pd jadi Ketua Pengawas pikeun periode 2016-2020 nu harita keneh langsung diserahterimakeun jabatanna disaksian Rudi Rachadian (Suherman.S).-

