Sanggar Seni 12 Juli Ikopin Gelar Pesta Rakyat Budaya Sunda
Dina raraga ngamumule budaya sunda ayeuna ampir pareum Sanggar Seni 12 Juli Institut Koperasi Indonesia (Ikopin) ngagelar “ Pesta Rakyat Budaya Sunda” lumangsung tilu poe ti tanggal 25 nepi ka 27 Februari 2014 dibuka sacara resmi ku Direktur Kemahasiswaan & Alumni Ikopin Drs.Agus Arifin,Ak,M.Si di buruan kampusna Jatinangor. Ketua Panitiana Agung Ismail netelakeun ka Koran Giwangkara kasenian pesta rakyat budaya sunda digelar diantarana wae jaipongan,karinding,,tari sarta kasenian buhun sejenna (Suherman.S).- .

