PKPRI Kota Bandung Ngayakeun RAT di Batu Malang

Minangka  realisasi saperti  diamanatkeumn   ku  para anggota  RAT taun buku 2011 kaliwat  sarta waktu ngabahas rencana kerja jeung rencana anggaran  belanja 2013  diantara putusanna nyaeta  kagiatan acara  rapat taun buku 2012  dilaksanakeun di kota Malang sakalian program wisata teh geuningan kalaksanakeun oge ceuk salah saurang anggota diantara sajumlah rombongan  poe Minggu isuk-isuk  12 Mei 2013 waktu  kumpul  diburuan kantor  Pusat Koperasi Pegawai Republik Indonesia  (PKPRI) kota Bandung  Jalan Soekarna-Hatta No.470 Bandung waktu rek  miang. Sajumlah rombongan nu miang miluan kagiatan trayek  “ Bromo-Blitar- Batu Malang Tour” 12 – 17 Mei 2013 ngagunakeun 5 beus.   aya 185 urang kulawarga besar seuweu siwi  PKPRI kota Bandung ti  anggota 63 primer tina sajumlah 88  primer jadi  76,6 % hadir di RAT.Ari kagiatan RAT na  taun buku 2012 lumangsung Senen 13 Mei 2013 di Batu Wonderland Water Resort Hotel  Jl.Imam Bonjol No.09 Malang dipimpin Ketua PKPRI kota Bandung  Drs.H.Zainal Abidin,S,MM,M.Sc dijejeran rengrengan pengurus,pengawas,manajer Drs.H.Deddy  Oktiadi,SE  sarta diluuhan  Ketua Dekopinda Kota Bandung H.Usep Sumarno,SH,SE,MM, Kepala Bank Kesehjahteraan Ekonomi kota Bandung  Vijay Baluh,SE jeung Ketua Gabungan Koperasi Pegawai Republik Indonesia (GKPRI)  Jabar H.Gunarto,SH,MA ngadugikeun biantarana  sakalian muka acara RAT.

Dina biantarana Zainal Abidin saperti diberitakeun di Koran Giwangkara  netelakeun usaha nu dilaksanakeun ngawengku USP Simpan Pinjam,LPG,Hotel  Parakan Wangi jeung usaha-usaha sejenna Alhamdullilah masih lumangsung lancar jeung sehat.Oge prestasi tina keuangan dina pelayanan ka anggota terus ditingkatkeun bisa nyiptakeun iklim hade jeung kondusif.“Tarekah nu geus dilaksanakeun ku PKPRI kota Bandung dina ngajalankeun roda perekonomian beubeunangan hasilna ngagumbirakeun rada ngaronjat  sok sanajan ngan 7,8 % dibandingkeun jeung  taun nu kaliwat.”.ceuk Zainal.Sarengsena ngalaksanakeun RAT nu geus ngahasilkeun kaputusan rapat lian ti para anggota sapuk kana laporan pertanggungjawaban pengurus,pengawas  taun usaha 2012 sarta satuju rek ngamekarkeun ngadirikeun Badan usaha anyar bentukna Perseroan Terbatas (PT) salila henteu pagedug jeung UU.No.17 Taun 2012 ngeunaan koperasi jeung Anggaran Dasar sarta Anggaran Rumah Tangga PKPRI kota Bandung nu operasionalna dilakukeukeun ku pengurus PKPRI kota Bandung sarta usaha  LPG 12 Kg ngarupakeun bagian tina usaha Elpiji sangkan ditawarkeun ka peminat pikeun dijual atawa dialihtangankeun ka pihak sejen nyakitu deui kacida satuju pisan usaha tanah kavling di Ngamprah Kabupaten Bandung Barat sangkan penjualanna langsung atawa ngaliwatan kerjasama pihak katilu.

Saterusna dutuluykeun kagiatan acara  program wisata ka sababaraha obyek wisata disabudeureun  Batu Malang  sarta samemeh mulang rombongan ka Bandung 17 Mei 2013   sempet heula  ngalaksanakeun acara renungan malam lumangsung Rebo jam 8.30 WIB dipimpin Sekretaris  PKPRI kota Bandung Drs.H.Kustiwa Benoputra,M.Pd. nu intina minangka sujud syukur ka Allah SWT ngalenyepan  nyoreang bihari kaayaan  katukang  ngeunaan  PKRI,harita ngaranna Pusat Koperasi Pegawai Negeri (PKPN)  kota  Bandung tug dugi ka kiwari mulus rahayu berkah salamet panjang umurna  nyaeta ayeuna panceg 50 tahun, atawa ulang taun emas. Salila perjalanan sajarahna  romantika pait peuheurna kahirupna tangtuna loba disorang,boh fasilitas kantor nu awalna mah  ti taun  ka taun terus  ngontrak nu akhirna mibanda gedong kantor sorangan. sarta pernah  ngalaman kaprihatinan stagnasi  tahun  1963- 1965 balukar situasi politik  sarta  ngalakonan  sababaraha kali ganti   Undang-Undang  koperasi ti mimiti Undang-Undang  Perkumpulan Koperasi No.79  Taun 1959, UU  No.14 Taun 1965,UU.No.12 Taun 1967, UU.25 Taun 1992 nepi ka UU Koperasi nu anyar  nyaeta UU.No.17 Taun 2012  nu dirasakeun  ku pengurus turta  anggotana  tug nepi kiwari  ti mimiti ngadegna pupuhuna atawa Ketuanaa geus tujuh kali ganti Ketua .nyaeta nu mimiti Ketua  PKPN kota Bandung   taun 1961 -1963 Sean,Admintratur Manajerna Uyok  Abdullah,Ardikusumah Adipraja,Umar Kherudin,Suhendi Natamiharja Administratur Manager Adang, ,Nedi Adipraja, Administateur Manager DeddyOktiadi,  Tasria Harjasasmita sarta nu ayeuna Ketua PKPRI kota Bandung  Zainal Abidin  Manajerna masih tetep Deddy Oktiadi. (Suherman.S).-

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *