Koperasi Pegawai SMAN 22 Bandung Boga Usaha Toko & ATK Hasilna Ngaronjat

Ketua Primer Koperasi Pegawai (Kopeg) SMA Negeri 22 kota Bandung Periode 2016-2018 Dra.Kartini netelakeun kondisi organisasi jeung kalembagaan Kopeg SMAN 22 di Jl.Rajamantri Kulon No.17 A ,kota Bandung ayeuna cukup solid,kokoh, kompak turta struktur jeung pembagian peran dina kapangurusan cukup jelas  nu akhirna mampu ngarojong kalaksanakeunnana sagala rupa  kagiatan organisasi.“ Perangkat Organisasi Kopeg SMAN 22 Bandung ngawengku Rapat Anggota,Pengurus jeung karyawan lumangsung aya dina kalancaran turta efektif “.Ceuk Kartini netelakeun ka Koran  Giwangkara sawatara waktu katukang dijejeran  rengrengan  pengurus Sekretaris J.Aris Setiawan, Bendahara Lena Herlina,S.Pd, Dra.Tuti Widaningsih, Ketua Pengawas : Uju Juanda,S.Pd,Anggota Pengawas :H.Agus Suprijono,S.Pd  sarta Kepala Sekolah SMAN 22 Bandung Yanyan Supriatna R.S. S.Pd salaku Pembina Koperasi.

Numutkeun Kartini kagiatan  Rapat  dina sataun dilaksanakeun sakali nyaeta Rapat Anggota Taunan (RAT) dina raraga ngabahas laporan keuangan jeung pertanggngjawaban dina ngalaksanakeun tugasna.Kagiatan acara RAT dilaksanakeun luyu jeung katangtuan sarengsena tutup buku bulan Desember. Pikeun taun 2017  RAT geus dilaksanakeun tanggal 23 Pebruari 2017. Sedengkeun Pengurus  oge kedudukanna kacida strategis dina manajemen koperasi geus ngalaksanakeun tugas sahade hadena. Nyakitu deui Pengawas salaku komponen manajemen nu meunang tugas ngawas jalanna organisasi  jeung usaha dilakukeun ku pengurus geus dilaksanakeun sacara optimal. Hasil gawe pengawas geus dilaporkeun sacara tertulis dina RAT.

Balukar kakompakan pengurus,pengawas sarta rojongan ti 106 anggota ngawengku 50  lalaki jeung 56 awewe kinerja usaha  beuki sehat  katangen tina  simpanan  wajib, simpanan sukarela ngaronjat mangaruhan kana beuki  hadena aktivitas modal sorangan ,kakayaan bersihna di taun buku 2016 gedena samilyar rupiah leuwih ngaronjat 6,36 % ti taun saacanna  sarta  volume usaha,tina usaha Toko jeung Alat Tulis Kantor (ATK) beubeunangan kauntungan ngaronjat  meunang Rp.276.838,948,- .Ayana peningkatan tina usaha toko ieu akibat  tina beuki sadarna anggota mareuli ti koperasi kukituna kakayaanna  tuluy  nambahan assetna  kiwari jumlahna 2 milyar  rupiah leuwih  Pon kitu deui dina nyadiaan dana pelayanan ka anggota ngaronjat. Kondisi keuangan jeung permodalan khusunan nu aya kaitan jeung kamampuan ngawaragadan organisasi jeung sagala rupa kawajiban kaasup pelayanan ka anggota masih bisa kacumponan sanajan masih tacan optimal balukar kawatesanna  modal kerja. Ari kagiatan dina widang sosial pikeun dana  nu gering oge aya dina kalancaran.Kartini ngajentrekeun di widang usaha pengurus rek tetep ngalakukeun sagala tarekah pengawasan jeung pengendalian sangkan sagala rupa usaha nu geus jalan ayeuna bisa optimal hasilna. Sedengkeun  di Unit Simpan Pinjam (USP) salaku salah sahiji usaha rek terus diupayakeun sangkan mampu mere pelayanan ka anggota ku jasana teu gede teuing dibandingkeun jeung bank.

Nyigeung Widang pendidikan,pelatihan pihakna ngarasa penting kana Sumber Daya Manusia (SDM) dina ngajaga tumuwuhna koperasi nu sehat jeung tata kelola hade kukituna Kopeg SMA N 22 Bandung geus  miluan pendidikan jeung pelatihan diselenggarakeun  boh ku Dinas Koperasi &UKM kota Bandung nyakitu deui pelatihan diselenggarakeun PKPRI kota Bandung pikeun ngaronjatkeun kompetensi turta profesionalisme pengurus,pengawas jeng anggota. “ Ari pembinaan anggota dina raraga ngaberdayakeun kalembagaan jeung usaha sangkan bisa  ngaronjatkeun peran koperasi salaku gerakan ekonomi rakyat  nyakitu deui salaku badan usaha dina ngaraharjakeun anggota dilaksanakeun ngaliwatan dua cara nyaeta pembinaan anggota dina waktu tiap dilaksanakeun RAT  sarta pembinaan anggota sacara khusus waktu anggota ngalakeukeun rek nyimpeun  jeung nginjeum..Yanyan  Supriatna R.S, S.Pd Kepala SMA Negeri  22 Bandung salaku  Pembina Koperasi Pegawai (KOPEG)   SMAN  22 bandung . netelakeun  ti  mimiti  ngadegna Kopeg SMAN 22 Bandung  maksudna pikeun ngaronjatkeun  ngaraharjakeun anggota  kukituna  diharepkeun  ka  Pengurus Koperasi sangkan bisa ngaronjatkeun  deui kamampuan koperasi di Usaha Simpan Pinjamna  supaya  leuwih gede  nambahan nginjeumna  sarta ka anggota oge kudu terus  aktif  kulantaran  koperasi usahana lumangsung lancar  duit oge bisa terus digolangkeun.(Suherman.S).-

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *