29 Urang Meunang Pangajen Ti STBA Yapari-Aba Bandung

Kagiatan acara dies natalis ka 49 & wisuda Sekolah Tinggi Bahasa Asing (STBA) Yapari- Aba Bandung  lumangsung poe Salasa 23 Oktober 2012  di Gedong Balai Sartika Jl.Suryalaya Indah No.1-3  Buahbatu  Bandung ,Ketua STBA  Yapari Aba Bandung Drs.H.Mundari Muhada Dipl,TEFL  dijejereran senat jeung  Ketua Yapari-Aba Bandung  Drs.S.P.H.Marbun,Sprachdipl sarta diluuhan Koordinator Kopertis  IV Prof.Dr.Ir.H. Abdul Hakim Halim M.Sc lian ti ngawisuda  129 urang lulusan  STBA Yapari Aba Bandung  taun akademik  2011-2012 masing-masing ti program  S1  jurusan bahasa   Inggris 82 urang, Jepang 31 urang,Jerman 4 urang,Perancis 2 urang  sarta Program D 3 jurusan bahasa Inggris 8 urang jeung Jepang  2urang. Tina sajumlah lulusan ieu teh diantarana 28 urang meunang yudicium predikat cumlaude.Ku diwisudana lulusan anyar ieu ti mimiti ngadegna nepi ka ayeuna nincak umur 49 taun  geus ngahasilkeun 11.332 urang lulusan ngawengku  Sarjana Muda 1.506 urang,Sarjana (S1) 5.926 ,Diploma (D3) 3.900 urang .Sajumlah alumni ieu geus icikibung di masarakat boh digawe diwidang pariwisata,budaya,perkantoran,industri,kepolisian,TNI,perbankan jeung wiraswasta..Oge dina ieu kasempetan  Ketua STBA Yapari Aba  Bandung  masrahkeun pangajen ka 29 urang mibanda  prestasi salila ieu di lingkungan STBA Yapari Aba Bandung masing masing  ka  4 urang dosen jeung 7 karyawan Satuhu nu geus ngabdi 25 taun pangajenna mangrupa Tabungan/Deposito  ka Dra.Mariana Wouthuyzen,M.Hum,Dra.Hj.Iim Rogayah D,M.Hum,Prof.Dr.H.Fuad Abdul Hamied,MA,Dr.H.Moch Dzul Iman,M.Pd,Kokom Komalasari,Moch Tavip Kadarusman,Ida Farida,Nasimun,Rachmat,Narkim,Tatang Syarifudin.

 Sedengkeun  pangajen karyawan tekun salila 13 taun  mangrupa  Cincin mas ka Dra.Ina Rusmelina , ari mahasiswa nu meunang pangajen nyaeta nu IPK na  3,50 ka luhur  mangrupa beasiswa bantuan SPP ka 11 mahasiswa  ka Ola Bararah,Vera Andriani,M.Rifani Arief  Permana,Elcy Pratiwi Hadi,Maria Theodora,Lewinda Jotari ti program S1 bahasa Inggris,Caesarisca Afriyanita P,Fulky Bramantya,Eko Perdana  ti program S1 bahasa Jepang ,Albar Rialdo Suhana  program S1 bahasa Perancis.   Satuluyna  pangajen  dibikeun ka Rahayu Rismawati Nur R ti program S1 bahasa Jepang  salah saurang mahasiswa  mibanda prestasi juara 10 besar kompetisi karya ilmiah Beswan Jarum 2012. Sarta pangajen dibikeun ka 5 urang  nu meunang program mahasiswa wirausaha jeung bisnis Kobito Cakes nu diayakeun  ku Dikti/Kopertis Wilayah IV Jabar & Banten  taun 2012 ka Citra Wulandari,Deshy Rachadiani  ti  S1 bahasa Inggris,Asri  Ayu Lestari,Bella Jenita Sheriyanti,Windy Handayani  S1 bahasa  Jepang.

Ku geus nincak  umur 49 taun  kiwari STBA Yapari Aba Bandung numutkeun  Ketua STBA Yapari ABA Bandung netelakeun ka Koran Giwangkara  hal ieu perlu disyukri ,kukituna  inyana  ngadugikeukeun syukur alhamdullilah  ka Allah Swt sarta nganuhunkeun  ka kulawarga STBA Yapari Aba Bandung  nu geus sabar,rapekan,parigel ku pinuh pangabdian dina ngabina nepi ka  terus  mekar  ka ayeuna. “Simkuring umajak ka unsur pimpinan,dosen,karyawan jeung mahasiswa STBA hayu urang  rempug jukung   babarengan ngabina perguruan tinggi ieu luyu jeung pancen sarta kadudukan masing-masing  ku sagala kamampuan nu aya dina diri  pikeun kamajuan lembaga,kecerahan generasi panerus bangsa di mangsa  nu bakal datang . Hal ieu perlu disadari,kulantaran di alam globalisasi  ayeuna ngan Perguruan Tinggi Swasta (PTS) nu mibanda mutu wungkul nu bakal mampu mertahankeun eksistensina ku cara terus ngaronjatkeun  mutu,fasilitas,pelayanan,proses jeung  hasil/produk pendidikan nu luyu jeung tuntutan masarakat”. Ceuk  Mundari Muhada.(Suherman.S).-

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *