Rektor Ikopin Dr.HC.Burhanuddin Abdullah MA : Indonesia Masih Nyanghareupan Tantangan Domestik Jeung Global

Rektor Institut Koperasi Indonesia (Ikopin) Dr.HC.Burhanuddin Abdullah  MA  netelakeun Indonesia  kiwari  masih nyanghareupan  sagala rupa tantangan  domestik jeung global. Di jero negeri  kaayaanna  masih papuket jeung masalah hebeul nyaeta kamiskinan,pangangguran sarta kasenjangan sosial.Sedengkeun di sisi eksternal  nyanghareupan masih handapna  saingan perekonomian ngabalukarkeun ekspor   kana barang –barang  masih  handap niley tambahna. Nyakitu deui kurang siapna pikeun nyanghareupan  masarakat ekonomi Asean bakal dimitian taun hareup. Kitu ditetelakeun dina  acara Wisuda Ikopin ka  41 ngistrenan 400 lulusan ngawengku  84 lulusan ti  Program  Pasca Sarjana (MM) , 261 Sarjana (S1)  & 55 lulusan  Program  Akhli Madya ( Diploma 3).Tina sajumlah  lulusan kapeto aya  nu meunang Indek Prestasi Kumulatif (IPK) panghadena nyaeta Rachmawati MM  IPK 3,89,Inni Doatu Jiharan SE (3,89) jeung Andriani A.Md (3,86).     Wisuda lumangsung Saptu 13 September 2014   di Graha Suhardini kampus Jainangor nu dina ieu kasempetan diluuhan Ketua Yayasan Pendidikan Koperasi (YPK) Dr.Ir.Muhamad Taufiq,M.Sc,Ketua Umum Dewan Koperasi Indonesia (Dekopin)  Drs.Nurdin Halid,Pejabat Kopertis Wilayah IV Jabar & Banten,Ketua Ikatan Keluarga Alumni (IKA) Ikopin Firman Ubaidillah,SE  sarta Ketua Panitiana Drs.Agus Arifin,M.Si. ,Ak ,Kepala Humas & Promosi Ikopin Lucy Kurniasari S.Sos sarta pimpinan ti Bank Mandiri neken gawe bareng jeung Ikopin mere bantuan pendidikan pikeun 15 mahasiswa Ikopin gedena Rp.90.000.000,-.Numutkeun Burhanuddin  pikeun nu icikibung  dina widang ekonomi rill,saperti diberitakeun  Koran Giwangkara  nyanghareupan kaayaan kieu tangtuna  sagancangna  perlu  mikiran jalan kaluarna nu tepat  sok komo para wisudawan Ikopin nu geus dibekelan  ilmu pangaweruh  turta kaparigelan  ngeunaan koperasi,kaayaan ieu ngarupakeun tantangan nu beurat.

Kukituna ayeuna waktuna para pegiat koperasi sarta sakumna nu yakin kana ekonomi dumasar  kana asas kakulawargaan pikeun sacara babarengaan sareundeuk  saigel  sabobot sapihanean ngarengsekeun kaayaan bangsa ku karya nyata pikeun diri sorangan sarta lingkungan masarakat komunitas koperasi.Sedengkeun Ketua Yayasan Pendidikan Koperasi (YPK) Dr.Ir.Muhammad Taufiq M.Sc  dina biantarana miharep lian ti  menta ka Rektor turta rengrengan dosen, tenaga akademik perlu terus ngaronjatkeun prestasi dina ngawangun citra Ikopin nu leuwih hade turta dipercaya.  Kualitas pelayanan Ikopin ka peserta didik perlu terus dironjatkeun  sacara sagemblengna sangkan  leuwih loba  ngahasilkeun lulusan  nu mampu nyanghareupan  sagala rupa tantangan dina kahirupan  di masarakat,bangsa jeung nagara.  “ Simkuring  miharep menta ka lulusan  anyar  sangkan terus ngamalkeun ilmu dipibanda ti Ikopin bisa mawa mangfaat ngawangun kahirupan leuwih hade boh keur diri sorangan,kulawarga sarta bangsa  di lemah cai Indonesia”.pokna.

Sapagodos  jeung Ketua YPK,  Ketua Ikatan Keluarga Alumni (IKA) Ikopin Firman Ubaidillah MA dina biantarana oge  ngingetan ka para wisudawan  yen gelar nu geus dipibanda  ayeuna  tangtuna mibanda tanggungjawab nu kudu diimplentasikeun dina kahirupan sapopoe. “ Alumni Ikopin ulah ngan sakadar  mangfaat keur diri sorangan wungkul tapi kudu mere  gede mangfaatna  keur masarakat,bangsa katut nagara. “ Para wisudawan  Ikopin dibere ilmu pangaweruh  nu beda  henteu dipiboga ku alumni saperti  paguron tinggi sejen,,ilmuna  ayeuna keur meujeuhna dibutuhkeun masarakat  jeung bangsa  jadi alumni  mampu mandiri  nyaeta  usaha diwangun dina gerakan wirausaha. Ngawangun gerakan wirausaha  sarta gerakan perkoperasian pikeun para alumni Ikopin  ngarupakeun   kawajiban sangkan Indonesia bisa ngawangun ekonomi bangsa  luyu jeung cita-cita  kaunggel dina UUD 1945 Pasal 33. “ Hayu urang ngawangun bangsa jeung nagara ku ngaberdayakeun koperasi nu mandiri sarta alumni Ikopin kudu jadi ujung tombak dina ngamekarkeunnana”.ceuk Ubaidillah..(Suherman.S).- 

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *