Rektor Institut Koperasi Indonesia ( Ikopin) Dr.(HC) Ir.H.Burhanuddin Abdullah MA netelakeun sacara kalembagaan Ikopin kiwari lain ngan sakadar tumuwuh wungkul tapi geus mekar dibuktikeun lian ti salila lima taun akhir ieu jumlah nu hayang nuluykeun studi di Ikopin beuki ngaronjat oge sajumlah dosen geus mibanda pendidikan S2 diantarana 40 % pendidikan Doktor (S3) samalah mah kiwari keur ngarojong sababaraha dosen sangkan sagancangna meunang gelar akademik Guru Besar nyakitu deui dibuktikeun ku aya nambahanna tilu prodi anyar nyaeta Prodi Ekonomi Syariah Jenjang Pendidikan Sarjana,Prodi Akutansi Jenjang Pendidikan Sarjana jeung Prodi Keuangan & Perbankan Jenjang Pendidikan Diploma III. Nyakitu deui Akreditasi sakabeh program studi geus kaakreditasi.
Taun 2016 ayeuna Ikopin ngarencanakeun rek muka tilu Prodi (Program Studi) anyar jenjang S-1 jeung S-3 nu luyu jeung mekarna sarta tungtutan dinamika perkoperasian Indonesia. “ Ku geus tumuwuh mekar ieu teh perlu disukuri Kukituna simkuring ngahaturkeun nuhun ka sabaraha pihak salawasna ngarojong turta ngabina Ikopin “. Ceuk Burhanuddin Abdullah saperti diberitakeun Koran Giwangkara dina laporan biantarana rektor ngarupakeun laporan ka lima kalina dina wisuda bari inyana nambahkeun pihakna henteu karasa geuningan geus lima taun nyangking kalungguhan di institusi ieu ti saprak mimiti masa bakti salaku rektor di taun 2011 ditepikeun dina Sidang Terbuka Senat Ikopin dina rararaga Wisuda ka 43 lumangsung poe Saptu 17 September 2016 di Graha Suhardini Kampus Ikopin Jatinangor ngawisuda sajumlah 315 lulusan.
Hadir dina ieu kasempetan Sekretaris Kementerian Koperasi & UKM Ir.Agus Muharam,MSP,Ketua Harian Dekopin Drs.Agung Sudjatmiko,MM,Ketua Pembina Yayasan Pembina Koperasi Indonesia Dr.Ir.Muslimin Nasution,Pejabat Kopertis Wilayah IV Jabar & Banten Atin Afiatin,S.Sos,M.Si,Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Kutai Barat Ayonius S.Pd,MM,Sekretaris Dinas Perindustrian Perdagangan & Koperasi Kabupaten Seram Bagian Timur Ir.La Jauhari,Kepala Cabang Utama PT.Taspen Yusuf Permana,Pimpinan CRS Bank CIMB Niaga Tupon Setiawan,Ketua Dekopinwil JabarDrs.Mustopha Djamaludin,M.Si,Dinas Koperasi Jawa Barat Kusmana,,Ketua IKA Ikopin Firman Ubadillah,SE, wakil ti Bank Sinar Mas,Bank BJB,Mantan Rektor Ikopin Prof.Yuyun Wirasasmita,Prof.Tuhpawana,Prop.Rully Indrawan. Sajumlah lulusan ieu ngawengku asalna ti Program Studi Manajemen Jenjang Pendidikan S1 240 lulusan, diantarana Mohamad Fadli Fauzi kapilih lulusan panghadena predikat cum laude meunang beasiswa ti PT Indofood Sukses Makmur sarta ti Program Studi Manajemen Jenjang Pendidkan Magister Manajemen (S2) 55 lulusan diantarana dr.Yuliawati lulusan panghadena predikat cum laude jeung ti Program manajemen Bisnis Jenjang Pendidikan D3 aya 20 lulusan diantarana Siti Rohmah lulusan panghadena predikat cum laude meunang beasiswa ti PT.Bank CIMB Niaga.
Ku diwisudana lulusan anyar ieu,ti mimiti ngadegna geus ngahasilkeun 12.391 lulusan .Para alumnina sumebar di sakuliah Indonesia geus digarawe boh aya kaitannana langsung jeung upaya ngagerakeun jeung ngamekarkeun koperasi ,nyakitu deui wirausaha,PNS,akademisi,politisi malahan militer. Tina sajumlah alumni Ikopin ieu ceuk Burhanuddin loba nu pikareueuseun turta picontoeun diantarana wae Iyus Ruslan pengusaha kuliner Rumah Makan Cibiuk .Ngamitian modal harita dua juta rupiah,kiwari cabang restoranna terus nambahan.Volume usahana per bulan kiwari nepi ka lima milyar rupiah. Nyakitu deui Andri Istambul Lingga Gayo alumni Ikopin 1989 waktu mahasiswana jadi pengurus Koperasi Keluarga Besar Mahasiswa (KKBM) Ikopin kiwari jadi Wakil Ketua Dewan Pimpinan Pusat Real Estate Indonesia (DPP REI) sarta salaku Direksi jeung Komisaris di sababaraha perusahan,aktif di organisasi kemasyarakatan, partai politik.
Saterusnya Sugeng Wuryanto alumni Ikopin 1989 asal ti keluarga sederhana,waktu mahasiswana aktif di masjid Ikopin jadi Ketua DKM Darul Ikhwan sarta jadi Ketua KKBM Ikopin .Sarengsena kuliah jadi PNS tapi henteu lila.milih usaha sorangan ngadegkeun perusahaan PT.Muna Tour geus rebuan jamaah haji jeung umrah diinditkeun ku perusahaaanna. Sedengkeun salaku conto sejenna nyaeta Sukma Jaya alumni Ikopin 1993 asal ti kulawarga nelayan leutik di Tanggerang waktu mahasiswana mibanda obsesi pikeun ngaberdayakeun diri ,kulawarga jeung masarakat nelayan ngaliwatan Koperasi. Sarengsena lulus meunang predikat Cum Laude balik ka lemburna Tanggerang dipenta ku tokoh masarakat sangkan ngomean KUD Mina Samudra kulantaran geus ditaringgalkeun anggotana,usahana vacuum jeung loba hutang ka pihak katilu. Ku bekel modal obsesi jeung pangalaman dipibanda Sukma Jaya dibarengan M.Alwani babaturan waktu kuliah di Ikopin, KUD Mina Samudra nguniang deui malahan kiwari boga kantor sorangan mibanda 5 unit usaha ngalayanan 4850 anggota. Awalna asetna ngan Rp.7.500.000,- kiwari geus puluhan milyar rupiah sarta geus meunang loba pangajen. Burhanuddin ngajentrekeun ku conto-conto sukses para senior alumni Ikopin ieu teh kulantaran mibanda kapercayaan diri nu kuat,The believe in themselves sarta persistency keras hati,kekeuh jeung preverance yen hirup lain lumpat gancang dina ukuran pondok tapi masa pikareupuen ngarupakeun lumangsung kahirupan nu panjang. Kukituna para wisudawan,wisudawati dididik,dilatih dieusi sagala rupa ilmu pengetahuan di Ikopin sangkan jadi jalma mibanda gede hate sarta percaya diri .” Para wisudawan-wisudawati salawasna kudu ngabogaan gede hate,optimis sarta percaya diri henteu gampang nyerah,mengeluh kana ujian hirup kulantaran ku saha bae bakal kasorang ”.ceuk Burhanuddin.
Satuluyna Burhanudin oge ngamaklum ka para wisudwan wisudawati bakal nyanghareupan sagala rupa hal sulit. Naha neangan gawe di koperasi,perusahaan naon,dina naon jeung mana atawa wisudawan wisudawati kapikir nyiptakeun lapangan gawe sorangan saperti conto alumni senior tadi nu sukses. Suasana perekonomian di urang ayeuna keur sulit.Henteu loba perusahaan nu ngabutuhkeun pagawe anyar, kulantaran nu aya oge mimiti dikurangan. Di pemerintah jadi PNS kaayaanna jauh leuwih sulit. Pemerintah di urang henteu loba cukup duit pikeun narima pagawe anyar. Anggaran belanja nu aya oge kudu diperketat dipotong diditu didieu. Hasilna pemerintah masih tetep deficit sarta kudu ditutup ku neangan hutang anyar di jero negeri sarta luar negeri,sakadar pikeun bisa mayar hutang nu gali lubang tutup lobang .Kukituna ,lulusan Ikopin henteu kudu nambah masalah disanghareupan ku pemerintah jeung swasta.Alumni Ikopin kudu jadi bagian tina solusi eta. “ Simkuring yakin yen jalan bakal kabuka pikeun nu nyoba dibarengan rasa optimis sarta percaya diri henteu putus asa.Sakabeh civitas akademika Ikopin sarta sakabeh kulawarga wisudawan ngadoakeun muga-muga bisa hasil dina nyorang hirup jeung kahirupan “.ceuk Burhanuddin Abdullah(Suherman.S).-
Leave a Reply