Dra.Hj.Iim Rogayah Danasaputra,M.Hum: Mahasiswa Lulus Tepat Waktu Ngaronjat

Ketua Sekolah Tinggi Bahasa Asing (STBA) Yapari-ABA Bandung Dra.Hj.Iim Danasaputra M.Hum nembrakeun beuki ngaronjat loba  lulusanna  nu ngarengsekeun studina tepat waktu (kurang ti 5 taun),.Dina taun ayeuna ngaronjat 10,5 % ti taun . kamari.Sedengkeun persentase mahasiswa  nu ngarengsekeun studi dina jero waktu  3 taun 8 bulan oge ngaronjat 78,8 %.  “ Hal  ieu ngandung harti ngaronjatna wangwangan   atawa citra lembaga di masarakat  dina  ngawujudkeun cita-citana pikeun ngudag kahirupan  leuwih hade “.pokna  ditembrakeun dina biantarana  wisuda STBA Yapari-ABA Bandung  taun akademik 2012-2013  ngistrenan 121 lulusan ngawengku  66 lulusan  ti program S1  jeung  ,11 lulusan program D3 jurusan bahasa Inggeris, 36 lulusan S1 jeung 5 lulusan D3 jurusan bahasa Jepang sarta 3 lulusan S1 jurusan bahasa Perancis.Kagiatan acarana  lumangsung poe Salasa 29 Oktober 2013 di Gedong Pertemuan Balai Sartika Jl.Suryalaya Indah No.1-3 Buah Batu Bandung. Ku diwisudana lulusan anyar ieu  ti mimiti ngadegna 50 taun kaliwat,tepatna 26 Oktober  1963 geus ngahasilkeun 11.453 lulusan alumni sumebar di sakuliah Indonesia malahan mancanagara saperti di Jepang,Korea,Amerika,Malaysia,Singapura,Perancis,Australia sarta nagara sejenna,dumasar hasil tracer studi  taun 2012 yen tina sabagian alumnina diantarana geus mibanda jabatan strategi. Numutkeun Iim saperti diberitakeun Koran Giwangkara  tina sajumlah lulusan diwisuda aya deui nu pikareuseun nyaeta ku prestasina  beuki loba wisudawan   meunang  Indek Prestasi Kumulatif (IPK)  yudicium cum laude sangat memuaskan   aya 15 urang ngawengku 9 lulusan ti jurusan bahasa Inggris, 6 lulusan  ti jurusan bahasa Jepang IPK  diluhureun 3,51,malahan aya nepi ka 3,91 nyaeta Frendytia Profas Sinus Alifa K. Di taun ajaran 2012-2013 memang  rata-rata  IPK  terus ngaronjat ti 3,15 jadi 3,27 di jurusan bahasa Jepang  sarta 3 jadi 3,16 di jurusan bahasa Inggris.

“ Terus ngaronjatna mahasiswa ngarengsekeun studi jeung IPK na  jelas pisan nunjukeun hasil nu dilaksanakeun ku sakabeh sivitas akademika  geus mibanda katetepan pikeun terus ngamekarkeun lembaga sarta terus ngomean lumangsungna proses  belajar mengajarna luyu jeung salah sahiji program kerja dina rencana strategis STBA Yapari ABA Bandung 2008-2018 “.ceuk Iim. Kukituna salah sahiji tarekah pikeun mertahankeun ngajaga jeung ngaronjatkeun prestasi nu geus dipibanda ayeuna  bakal terus dilakukeun  boh  ningkatkeun kualitas tenaga pengajarna (dosen) nyakitu deui pihakna nedunan tujuh standar pendidikan tinggi saperti nu dipikahayang  BAN PT.

Diharepkeun ku terus dironjatkeun prestasina  lian ti  bisa ngahasilkeun lulusan mibanda kualitas oge minat masarakat nuluykeun ka lembaga ieu ngaronjat. Pikeun taun akademik 2013-2014  aya 387  mahasiswa anyar  nu asalna ti sababaraha propinsi di Indonesia samalah mah diantarana aya mahasiswa asing (Timor Leste).Hal ieu ngarupakeun indikator ngaronjatna deui kapercayaan masarakat ka STBA Yapari ABA Bandung  jumlah sakabehna mah  ayeuna  aya 897 mahasiswa.Dina ieu kasempetan Iim oge  ngainformasikeun yen kagiatan wisuda ieu teh ngarupakeun salah sahiji acara munggaran  tina  runtuyan  mieling atawa Dies Natalis  50 tahun STBA Yapari ABA Bandung disagedengeun saniskara kagiatan sejenna nyaeta seminar nasional ngabahas bahasa,budaya,pariwisata temana “ Melalui Revitalisasi Bahasa ,budaya dan pariwisata kita tingkatkan kesehjahteran bangsa ,sarta kagiatan lomba olah raga futsal,catur,badminton,basket,gerak jalan santai nu  diiluan siswa SLA sa –Bandung raya,dosen,karyawan,mahasiswa,alumni.Nyakitu deui ngaluncurkeun buku 50 taun STBA Yapari-ABA Bandung  jeung direuah reuah ku MADOBA III nyaeta drama kesenian ku dosen.karyawan pikeun mahasiswa jeung alumni.(Suherman.S).-

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *