Dr.Maman Suparman MM : Kualitas Kemitraan SMK Jeung DUDI Masih Handap

Sakabeh sekolah Menengah Kejuruan (SMK) geus ngalakukeun kemitraan atawa  gawe bareng  ku ngaliwatan  neken naskah atawa MoU ( Memorandum Of Understanding)  antara dua pihak Dunia Usaha Dunia Industri (DUDI) ngan dina  prakna can optimal masih  loba nu perlu diomean  turta  dibebenah kulantaran  kanyataannana  kualitasna masih  handap. “ Saupama henteu aya tarekah sagancangna diomean manajemen kemitraan SMK jeung DUDI ngabalukarkeun kagiatan kemitraan henteu maksimal tangtuna kualitas kompetensi lulusan SMK hususna  di kota Bandung umumna sakabeh SMK  di Indonesia  bakal sulit ngawujud.Hal ieu tangtuna  patukang tonggong  jeung PP.No.19 Taun 2005 jeung fungsi pendidikan nasional utamana dina ngaronjatkeun martabat  bangsa Indonesia “ ceuk Dr Maman.Suparman MM nu dilahirkeun di Citamiang kota Sukabumi 11 Juli 1956 anak  kadua ti  tilu saudara ti pasangan bapa Mohamad Dolih jeung   ibu Oom Homisah nu kiwari nyepeng kalungguhan salaku Pengawas di kabupaten Sumedang.

Waktu mertahankeun disertasina  ngeunaan “ Manajemen Kemitraan Sekolah Menengah Kejuruan dengan Dunia Usaha/Dunia Industri untuk Meningkatkan Mutu Kompetensi Lulusan (Studi Kasus pada Sekolah Menengah Kejuruan di kota Bandung) dihareupeun promoter Promotor Prof.Dr.H.Dedi Mulyasana,M.Pd,Ko Promotor Prof.Dr.H.E.Mulyasa M.Pd sarta anggota promotor Dr.Cahya Syaodih,MM waktu sidang ujian terbuka pikeun ngaraih gelar Doktor dina widang  ilmu pendidikan program studi manajemen pendidikan  Program Pascasarjana (S3) Universitas Islam Nusantara (Uninus)  lumangsung poe Rebo 31 Juli 2013 di kampus Jl.Soekarno-Hatta No.530 Bandung hasilna ditandeskeun lulus yudicium  sangat memuaskan, Indek Prestasi Kumulatif (IPK) 3,39.

Numutkeun  Maman Suparman  di kota Bandung jumlah SMK ngawengku 15 negeri  sarta  115 swasta .  diharepkeun  jadi salah sahiji jenjang pendidikan kejuruan/vokasional  nu  bisa nyiapkeun individu peserta didik jadi tenaga kerja nu professional kukituna ditunjang ku kagiatan-kagiatan kemitraan nu hubunganna jeung DUDI. Nyiptakeun jeung ngaronjatkeun hubungan SMK jeung DUDI ku ngaliwatan kemitraan kacida penting dina  pendidikan kejuruan hususna keur ngaronjatkeun  proses pembelajaran praktek atawa  pembinaan skill peserta didik,tapi  hanjakal kanyataanna masih loba nyanghareupan masalah.Dumasar hasil penelitianna promovendus di tilu SMK kota Bandung kaungkab diantarana  wae   program kemitraan memang geus aya dina sasaran mutu sarta dina  Rencana Kerja Sekolah (RKS)   ngan eusina henteu  nyumponan sakabeh kagiatan nu dimitrakeun. sarta henteu ngaliwatan analisis kabutuhan nu aya sarta  strategi pelaksanaan kemitraan can sagemblengna bisa dijabarkeun  luyu jeung pedoman nu digunakeun  nyakitu deui hasil tina program can optimal tina sakabeh kagiatan.

 “Strategi  kemitraan saupama  dilaksanakeun can luyu jeung  pedoman sarta henteu nyantumkeun aturan lengkep dina MoU  bari teu  merhatikeun anggaran kemitraan ,tangtuna hasil kemitraan sulit moal tinekanan ngabalukarkeun katerampilan siswa bakal jauh tina optimal nu akhirna mutu kompetensi lulusan SMK bakal turun “ceuk  Maman alumni S1  IKIP Bandung jurusan Otomotif sarta S2 di ARS Internasional Bandung  Program Studi Magister Manajemen.

Satuluyna Maman Suparman saperti diberitakeun di Koran Giwangkara dina ieu kasempet netelakeun  ku can optimalna kamitraan tangtuna  perlu  diomean sangkan ka hareupna kamitraanna aya dina kalancaran ngawengku perluna nyantumkeun aturan kemitraan nu lengkep dina satiap MoU,ngaronjatkeun anggaran pikeun kemitraan,materi prakerin luyu jeung nu ditulis dina silabus produktif ,prakerin unit produksi jeung uji kompetensi ngaliwatan  kemitraan, ngaronjatkeun Sumber Daya Manusia (SDM) nu ngokolakeun  kemitraan,ngabina  karakter siswa luyu jeung tuntutan dunia usaha jeung dunia industri,ngalengkepan sarana praktek modern pikeun nyiptakeun lulusan nu kompeten  jeung berkualitas.Ngabina  karakakter siswa kudu meunang perhatian daria,kulantaran kaayaan kondisi sakola jeung DUDI beda  ngabalukarkeun karakter siswa SMK nu henteu luyu jeung tuntutan DUDI  pelu dironjatkeun karakter peserta didik sangkan mibanda sikap mental nu leuwih  hade  boh kedisiplinan,kejujuran,ketekunan jeung ketelitian kacida diperlukeun disagedengeun katerampilan,kamampuan,diperlukeun attitude  hade dina digawe,disiplin waktu,posko (mindset),karajinan,kajujura hal ieu kacida penting pisan  kulantaran can sakabeh siswa mibanda karakter kedisiplinan,kejujuran jeung ketelitian.

Oge inyana ngarekomendasikeun  peupeujeh ka pengurus nu ngokolakeun kemitraan sangkan mekar sacara optimal  sarta sakabeh jenis kagiatan lumangsung lancar dina   kondisi mutu kualitas hade.“ Kukituna perlu ngaronjatkeun ilmu jeung  katerampilan  khususna ngeunaan pangaruh  manajemen saperti perencanaan program kemitraan  nu terarah  jeung teratur,ditambah terori-teori  nu aya pakuat pakaitna jeung  ngaronjatkeun mutu praktek sarta mutu hasil belajar,nyakitu deui  bisa mere motivasi dina pelaksanaan kagiatan kemitraan pikeun nyegah hal-hal  henteu dipikahayang saperti ayana pangedulan sarta henteu mibanda rasa tanggung jawab”.teges Maman nu kiwari jadi pengawas di kabupaten Sumedang ,karierna dimitian ti taun 1979  di Tata Usaha STN 1 Sumedang tuluy  jadi guru di STM1 Sumedang,sarta kungsi sababaraha kali jadi Kepala STM  sarta pengawas di wilayah Jabar nnyaeta Kepala  STM I Bekasi, STM 3 (SMKN5), kota Bandung,STM I (SMKN2) kota Bandung sarta jadi pengawas di Pandeglang jeung di Rangkasbitung. Ari pangalama di organisasi salaku Bendahara 2 HIPWI Pusat,anggota IPSI Jabar  sarta Wakil Bidang Kurikulum Forum Pengawas SMK  Jawa Barat jeung Koordinator pengawas SMK kabupaten Sumedang.Sedengkeun sababaraha pangajen  geus ditarima boh di  tingkat nasional  nyaeta keberhasilan  memimpin  SMK dengan  prestasi amat baik  taun  1998/1999  ti Direktur Dikmenjur Dirjen Dikdasmen Depdikbud  RI jeung  pangajen  Satyalancana Karya Satya 30 taun ti  Presiden RI  nyakitu deui  di tingkat kabupaten jeung propinsi  narima pangajen salaku Pengawas berpestasi SMA/SMK taun 2007 jeung  taun 2008  ti Kepala Dinas  kab.Sumedang,bupati Sumedang  jeung Kepala Dinas  Pendidikan  Prov Jabar(Suherman.S).-

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *