Dr.Maman Suparman MM : Kualitas Kemitraan SMK Jeung DUDI Masih Handap
Sakabeh sekolah Menengah Kejuruan (SMK) geus ngalakukeun kemitraan atawa gawe bareng ku ngaliwatan neken naskah atawa MoU ( Memorandum Of Understanding) antara dua pihak Dunia Usaha Dunia Industri (DUDI) ngan dina prakna can optimal masih loba nu perlu diomean turta dibebenah kulantaran kanyataannana kualitasna masih handap. “ Saupama henteu aya tarekah sagancangna diomean manajemen kemitraan SMK jeung DUDI ngabalukarkeun kagiatan kemitraan henteu maksimal tangtuna kualitas kompetensi lulusan SMK hususna di kota Bandung umumna sakabeh SMK di Indonesia bakal sulit ngawujud.Hal ieu tangtuna patukang tonggong jeung PP.No.19 Taun 2005 jeung fungsi pendidikan nasional utamana dina ngaronjatkeun martabat bangsa Indonesia “ ceuk Dr Maman.Suparman MM nu dilahirkeun di Citamiang kota Sukabumi 11 Juli 1956 anak kadua ti tilu saudara ti pasangan bapa Mohamad Dolih jeung ibu Oom Homisah nu kiwari nyepeng kalungguhan salaku Pengawas di kabupaten Sumedang.
Waktu mertahankeun disertasina ngeunaan “ Manajemen Kemitraan Sekolah Menengah Kejuruan dengan Dunia Usaha/Dunia Industri untuk Meningkatkan Mutu Kompetensi Lulusan (Studi Kasus pada Sekolah Menengah Kejuruan di kota Bandung) dihareupeun promoter Promotor Prof.Dr.H.Dedi Mulyasana,M.Pd,Ko Promotor Prof.Dr.H.E.Mulyasa M.Pd sarta anggota promotor Dr.Cahya Syaodih,MM waktu sidang ujian terbuka pikeun ngaraih gelar Doktor dina widang ilmu pendidikan program studi manajemen pendidikan Program Pascasarjana (S3) Universitas Islam Nusantara (Uninus) lumangsung poe Rebo 31 Juli 2013 di kampus Jl.Soekarno-Hatta No.530 Bandung hasilna ditandeskeun lulus yudicium sangat memuaskan, Indek Prestasi Kumulatif (IPK) 3,39.
Numutkeun Maman Suparman di kota Bandung jumlah SMK ngawengku 15 negeri sarta 115 swasta . diharepkeun jadi salah sahiji jenjang pendidikan kejuruan/vokasional nu bisa nyiapkeun individu peserta didik jadi tenaga kerja nu professional kukituna ditunjang ku kagiatan-kagiatan kemitraan nu hubunganna jeung DUDI. Nyiptakeun jeung ngaronjatkeun hubungan SMK jeung DUDI ku ngaliwatan kemitraan kacida penting dina pendidikan kejuruan hususna keur ngaronjatkeun proses pembelajaran praktek atawa pembinaan skill peserta didik,tapi hanjakal kanyataanna masih loba nyanghareupan masalah.Dumasar hasil penelitianna promovendus di tilu SMK kota Bandung kaungkab diantarana wae program kemitraan memang geus aya dina sasaran mutu sarta dina Rencana Kerja Sekolah (RKS) ngan eusina henteu nyumponan sakabeh kagiatan nu dimitrakeun. sarta henteu ngaliwatan analisis kabutuhan nu aya sarta strategi pelaksanaan kemitraan can sagemblengna bisa dijabarkeun luyu jeung pedoman nu digunakeun nyakitu deui hasil tina program can optimal tina sakabeh kagiatan.
“Strategi kemitraan saupama dilaksanakeun can luyu jeung pedoman sarta henteu nyantumkeun aturan lengkep dina MoU bari teu merhatikeun anggaran kemitraan ,tangtuna hasil kemitraan sulit moal tinekanan ngabalukarkeun katerampilan siswa bakal jauh tina optimal nu akhirna mutu kompetensi lulusan SMK bakal turun “ceuk Maman alumni S1 IKIP Bandung jurusan Otomotif sarta S2 di ARS Internasional Bandung Program Studi Magister Manajemen.
Satuluyna Maman Suparman saperti diberitakeun di Koran Giwangkara dina ieu kasempet netelakeun ku can optimalna kamitraan tangtuna perlu diomean sangkan ka hareupna kamitraanna aya dina kalancaran ngawengku perluna nyantumkeun aturan kemitraan nu lengkep dina satiap MoU,ngaronjatkeun anggaran pikeun kemitraan,materi prakerin luyu jeung nu ditulis dina silabus produktif ,prakerin unit produksi jeung uji kompetensi ngaliwatan kemitraan, ngaronjatkeun Sumber Daya Manusia (SDM) nu ngokolakeun kemitraan,ngabina karakter siswa luyu jeung tuntutan dunia usaha jeung dunia industri,ngalengkepan sarana praktek modern pikeun nyiptakeun lulusan nu kompeten jeung berkualitas.Ngabina karakakter siswa kudu meunang perhatian daria,kulantaran kaayaan kondisi sakola jeung DUDI beda ngabalukarkeun karakter siswa SMK nu henteu luyu jeung tuntutan DUDI pelu dironjatkeun karakter peserta didik sangkan mibanda sikap mental nu leuwih hade boh kedisiplinan,kejujuran,ketekunan jeung ketelitian kacida diperlukeun disagedengeun katerampilan,kamampuan,diperlukeun attitude hade dina digawe,disiplin waktu,posko (mindset),karajinan,kajujura hal ieu kacida penting pisan kulantaran can sakabeh siswa mibanda karakter kedisiplinan,kejujuran jeung ketelitian.
Oge inyana ngarekomendasikeun peupeujeh ka pengurus nu ngokolakeun kemitraan sangkan mekar sacara optimal sarta sakabeh jenis kagiatan lumangsung lancar dina kondisi mutu kualitas hade.“ Kukituna perlu ngaronjatkeun ilmu jeung katerampilan khususna ngeunaan pangaruh manajemen saperti perencanaan program kemitraan nu terarah jeung teratur,ditambah terori-teori nu aya pakuat pakaitna jeung ngaronjatkeun mutu praktek sarta mutu hasil belajar,nyakitu deui bisa mere motivasi dina pelaksanaan kagiatan kemitraan pikeun nyegah hal-hal henteu dipikahayang saperti ayana pangedulan sarta henteu mibanda rasa tanggung jawab”.teges Maman nu kiwari jadi pengawas di kabupaten Sumedang ,karierna dimitian ti taun 1979 di Tata Usaha STN 1 Sumedang tuluy jadi guru di STM1 Sumedang,sarta kungsi sababaraha kali jadi Kepala STM sarta pengawas di wilayah Jabar nnyaeta Kepala STM I Bekasi, STM 3 (SMKN5), kota Bandung,STM I (SMKN2) kota Bandung sarta jadi pengawas di Pandeglang jeung di Rangkasbitung. Ari pangalama di organisasi salaku Bendahara 2 HIPWI Pusat,anggota IPSI Jabar sarta Wakil Bidang Kurikulum Forum Pengawas SMK Jawa Barat jeung Koordinator pengawas SMK kabupaten Sumedang.Sedengkeun sababaraha pangajen geus ditarima boh di tingkat nasional nyaeta keberhasilan memimpin SMK dengan prestasi amat baik taun 1998/1999 ti Direktur Dikmenjur Dirjen Dikdasmen Depdikbud RI jeung pangajen Satyalancana Karya Satya 30 taun ti Presiden RI nyakitu deui di tingkat kabupaten jeung propinsi narima pangajen salaku Pengawas berpestasi SMA/SMK taun 2007 jeung taun 2008 ti Kepala Dinas kab.Sumedang,bupati Sumedang jeung Kepala Dinas Pendidikan Prov Jabar(Suherman.S).-