Dr.Hj.Reni Marlinawati Ketua IKA UIN SGD Bandung Periode 2017- 2021

Sacara  aklamasi Dr.Hj.Reni Marlinawati kapeto jadi  Ketua Umum Ikatan Keluarga Alumni (IKA) Universitas Isllam Negeri  (UIN) Sunan Gunung Djati (SGD ) Bandung  nu anyar pikeun mangsa Periode 2017-2021  ngaganti  Ketua Umum heubeul Prof.Dr.H.Nanat Fatah Natsir ,M.S  nu geus rengse mangsa jabatanna.  Kitu ceuk Kasubag Humas UIN SGD Bandung  Drs.H.Rohman Setiaman  saperti diberitakeun Koran Giwangkara  . Kapetona Reni lahir di Sukabumi  10 Maret 1973,yuswa 44 taun   kiwari nyangking kalungguhan   salaku anggota DPR RI ti  Partai Persatuan Pembangunan (PPP) ,lulusan IAIN (UIN) SGD  Bandung Prodi  Pendidikan Agama Islam (PAI)  Fakultas Tarbiyah lulus taun 1997 dina acara Musyawarah Anggota (MUSAG)  IV  IKA  UIN SGD Bandung  di Hotel & Banquet Panorama Lembang  lumangsung poe Saptu 4 Oktober 2017. Numutkeun  Rohman minangka  runtuyan acara  tina MUSAG IV IKA UIN SGD Bandung dina poe Salasa  26  Desember 2017 UIN SGD Bandung   ngagelar Reuni Akbar (1968 – 2017) lumangsung di Gedong Auditorium Anwar Musaddad  UIN SGD Bandung,Jl.A.H.Nasution No.105 Kota Bandung (Suherman.S),-

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *